17
NYIROROT
Selang dua poe ti harita. lantaran panasaran. Esih init deni ka Nyi Mimi kalawan harepan bisa nalek. Kabeneran halodo hade poena, Jelema riab ti saban gang, ngaleut sapanjang jalan nu rek palelesir ka Pasar Senen. Kendaraan balawiri ka ditu ka dieu, nepi ka ari keur rame kitu mah jalan teh karasa leutik teuing. Sapanjang jalan teu aya nu pikatajieun. Ngan di lebah pengkolan Poncol kadenge ku manehna aya nu ngahuitan. Tapi cara sasarina tara direret ieuh, lantaran manehna geus paheman pisan yen anu sok ngahuit teh pasti lalaki iseng. Leumpangna rusuh kawas anu sieunan kabeurangan, miheulaan anu leleumpang anca jeung anu pagegeye. Kabadanan harita mah leumpang gancang oge, da saringset make erok jeung daspatu.
Nepi ka burit Esih ngawangkong jeung Nyi Mimi teh. Bisa laluasa, da euwuh tamu sasaha. Bujangna keur ulukutek wae di dapur, sasadian pikeun dahar peuting. Nya harita Esih dibejaan yen lalaki anu mawa mobil kamari ieu teh, jenenganana Alex Kohar, direktur perusahaan dagang, Indung bapana mah urang Menado, ngan ari manehna mah ti kikirik nepi ka jadi anjing oge hirup di Bandung, sakola di Bandung. Jadi teu matak heran mun basana, lentongna jeung ungkungna siga urang Sunda pituin oge. Geus aya lima taunna manehna matuh di Jakarta, nyaeta ti wangkid diserenan ngurus pausahaan ku kolotna. Manehna nyicingan imah pamahanan kolotna deuih. Bubujangan keneh, di mahna ngan paduduaan jeung bujangna wae.
,,Sering angkat ka dieuna teh, ceuk?" Cek Esih bari umam-imen lantaran era ku tetelepek nanyakeun lalaki.
,,Ih puguh wae sering mah. Nya disebut sering teh saminggu sakali mah tara kaliwat. Ah eta ngadon ngobrol, ngadon ulin, nya sakapeung mawa ulin ceuceu, palesir ka ditu ka dieu, tamba kesel majar teh. Boa-boa ayeuna oge ka dieu deui, da ayeuna mah
101