Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keur euweuh pagawean cenah.”

 Ras Esih ingeteun ke taokeh jeung Tuan Narto. anu kungsi sababaraha kali ngajakan pelesir. Sarta harita keneh ngomong sajeroning ati: „Geuning batur oge osok aya nu mawa...”

 „Sakapeung mah sok nepi ka peuting di dieuna teh,” cek Nyi Mimi nyambung deui. „Resepeun ari jeung ceuceu mah, majar teh asa jeung dulur. Bubuhan atuh, manehna teh budak nunggal, teu adian teu lanceukan.”

 „Ari engkangna parantos uningaeun yen anjeunna sok pelesir ka dieu?”

 „Engkangna? Euh salaki ceuceu . . . Can kungsi terangeun, da puguh apan, cek ceuceu oge, geus sababaraha bulan tara ka dieu. Nya cindekna mah tara kakiliran sabulan sakali. Apan geus dicaritakeun ka ayi, yen ceuceu mah boga salaki oge asa henteu boga. Komo da kaayeunakeun mah sarua bae jeung dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban cek paribasa tea mah.”

 Kakara Esih ngarasa yakin jaba ti ngarti teh. Jeung lantaran beuki panasaran, pok manehna nanya deui:

 „Saha deui ceu, nu sok nganjang ka dieu teh jabi ti anjeunna?”

 „Ah, bet sok kawas budak ayi mah!” Walon Mimi bari ngadelekan. „Atuh saha-saha oge osok bae nganjang mah. Babaturanana Kohar osok ari dibawa mah. Tah geuning ayi oge nganjang ayeuna.”

 Esih alangah-elengeh, ngarasa kurang wijaksana nanyana. Ku sabab eta manehna tuluy balem, teu nanya deui, sanajan panasaraneun keneh oge.

 „Ke heula antosan, ayi, ceuceu rek ka tukang heula!” Cek Mimi bari cengkat tina korsina. Langgeor manehna indit ka dapur. Sabot kitu Esih luak-lieuk nitenan kaayaan imahna. Korsina arempuk jeung harerang deuih. Bupet, lamari, radio, horden jandela jeung rupa-rupa papaes kabeh aralus. Rohanganana meujeuhna sanajan henteu gumblung-gamblang oge.

 „Piirahaeun teuing aing bisa mibanda imah: cara kieu katut sapangeusina?” Omongna sajeroning hate.

102