Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jol deui Mimi hol ti tukang diiringkeun ku Ikem anu nanggeuy baki anu dieusina kopi susu soklat jeung kuwehna tilu rupa. Sok, sok, dikana mejakeun ku Ikem teh. Tarapti pisan. Ari cek Mimi bari diuk deui;

„Mangga geura ayi, dileueut! Ah, ayeuna mah sial, keur teu gaduh nanaon. Wayahna, geuning taya pangiringna.”

Esih ngamanggakeun bari nganuhunkeun. Tapi henteu tuluy rot nginum am dahar, sanajan kabita oge, Biasa wae cara nu api-lain.

„Ari ayi, ku naon bet pipirakan atuh?” Cek Nyi Mimi ngamimitian deui anggeus sawatara jongjongan taya nu lemek.

„Duka ah, sesah nerangkeunana!” Walon Esih anu horeameun ditalek.

„Sok piraku teuing sesah! Atawa dirasiahkeun ku ayi mah?”

„Aw, rasiah naon atuh ceu? Tara ngingu rasiah abdi mah. matak teu betah di dunya ari gaduh rasiah teh. Saur sepuh ge matak sereg di lawang ongkoh.”

„Iraha atuh rarancangna rek umah-umah teh?”

„Duka, kumaha parengna wae. Can mendakan anu cocog tuda.”

„Enya, rek milih nu kumaha atuh? Lalaki nu kumaha anu dipicangcam teh?”

Kajurung ku hayang nerangkeun pamanggih jeung pamadeganana, pok manehna nyaritakeun cita-citana, najan asa-asa bisi henteu didenge oge; Mimitina Esih nyaritakeun kaom wanita di kalangan rahayat padesan jeung rahayat kota anu hirupna tisuksruk-tidungdung digawe babarengan jeung salakina, malah leuwih ti eta da di imahna oge awewe mah kudu digawe nepi ka peuting. Tuluy nyaritakeun kaom wanita di kalangan priyayi, anu peodal jeung kolonial, anu hirupna ngan gupar-gepor wae di imah, dangdan ngageulis, midang mun pasosore, piknik mun poe Minggu, anu kana masalah sosial kabudayaan jeung pulitik mah kumaha tuang raka wae. Disambung ku nyaritakeun martabat awewe anu disapirakeun malah dihinakeun pisan ku kaom lalaki, anu hak-hak ajasina dileyek. Ditema ku masalah wanita bangor, anu jadi korban susunan masarakat kiwari masarakat anu digeu-

103