geuh keneh ku kaom lalaki.
„Jadi kumaha pikarepeun ayi ayeuna?”
„Abdi kedah berjoang nangtungkeun hak-hak ajasi wanita, abdi kedah berjoang sangkan kaom wanita sadar kana pangaji dirina sarta kedah melakkeun kasadaran di maranehanana, yen istri teh kedah nyumbangkeun tanagana ka masarakat katut nagara. Margi kaom istri oge padahal mah seueur kabisana, seueur pangartosna, tiasa pinter tiasa binekas cara pameget. Henteu kirang-kirang padamelan anu tiasa digarap ku kaom wanita, anu aya paedahna keur masarakat katut nagara. Tanaga istri teh ageung gunana, sareng tiasa diproduktifkeun.”
„Anu dimaksud ku ayi teh istri oge kudu digawe babarengan jeung lalaki. Kitu sanes? Nanging, kumaha tah rumahtanggana? Kudu ditinggalkeun? Kumaha tah anak-anakna, kudu barangkeakan dikerem di imah? Mun kitu mah, pasti paburantak rumah tangga teh.”
Lain sakali dua kali Esih manggih pertanyaan kitu, sarta manehna bisa ngawalonan, bisa nerangkeun kumaha kuduna. Tapi harita, nu kapikir ku manehna ngan Tawas-rancang. Manehna teu nyaho kudu ti mana heula nyaritakeunana, kudu kumaha heula nerangkeunana, nepi ka walonanana teh ngan ukur satimu-timu turta teu puguh entep-seureuhna.
Kalawan henteu malire jawaban Esih anu satimu-timu tea, barabat Nyi Mimi nyaritakeun pangalamanana; Mimitina manehna nyaritakeun kungsi milu asup kana paguyuban pergerakan wanita. Manehna kungsi nyaho naon anu kudu diperjoangkeunana, naon anu kudu dipigawe ku kaom wanita dina jaman perjoangan.
„Ceuceu oge kungsi sadar pisan, yen awewe teh kudu binangkit, kudu perceka. Perjoangan neangan jodo ku jalan ngageulis, miara awak jeung sajabana geus lain mangsana deui. Tapi satuluyna ku ceuceu kapikir, yen sanajan kumaha wae oge awewe teh kudu mulang kana rumahtangga, kudu miara salaki, kudu miara budak. Saenyana mah yi, hate awewe teh pinuh ku kacinta anu kudu ditamplokkeun ka salaki, anu kudu ditamplokkeun ka anak urang. Memang tanaga awewe teh bisa digunakeun nepi ka produk-