Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tif, atawa anu gede mangpaatna keur masarakat. Tapi lamun urang geus di gawe, tuluy boga salaki, boga anak, cindekna ngawangun rumahtangga, kapaksa urang teh kudu mundur tina pagawean sosial, mulang ka rumahtangga. Ku sabab eta, cek ceuceu mah anu penting teh diajar ngurus rumah tangga, diajar masak, diajar ngaput, diajar miara budak pikeun engke rumahtangga urang. Urang kudu bisa ngajurung salaki sangkan getol digawe, urang kudu bisa ngeureut-miceun sangkan pangasilan ti salaki teh cukup pikeun kaperluan rumah tangga. Urang kudu bisa nyeuseuh, ngaput, beberes di imah sorangan, ulah sagala ku duit sagala ku bujang, bisi dina hiji mangsa heunteu bisa ngingu bujang. coba pikir kalawan jujur! Da lamun jujur mah urang teh baris ngaku, yen awewe mah heureut deuleu pondok lengkah, kudu digawe di imah, ngurusanan rumahtangga. Lalaki anu makayana. Mun teu cukup beubeunanganana kakara ku urang dibantuan, boh ku dagang, boh kumaha wae.”

Esih nyahoeun jeung ngartieun yen pamanggih kitu teh kungsi dihaleuangkeun ku gerakan wanita anu di Eropah mah disebutna neo feminisme. Tapi manehna henteu ngabantah harita mah, jongjon wae ngadengekeun bari tungkul.

„Coba, ceuceu hayang nyaho. Naha ayi henteu hayang boga salaki anu micinta diri urang, jeung anu jadi tempat namplokkeun kacinta urang? Naha ayi henteu hayang boga anak, geusan mamplokkeun kaasih urang? Atawa naha dina hate ayi henteu aya rasa silihasih antara manusa, kaasih antara awewe jeung lalaki hususna? Rek dikamanakeun eta kaasih teh? Naha digawe? Naha ayi heunteu hayang boga rumahtangga anu dijenglengkeun ku rasa silihasih jeung silihpikacinta atara urang, salaki jeung anak?”

Hal eta ku Esih oge kungsi kapikir, kungsi kaharti, sarta kelawan jujur kungsi diaku. Tapi lamun manehna nurut kana pangakuna, nurut kana kajujuran hatena, atuh perjoanganana teh mundur deui. Kudu balik deui kana perjoangan ngageulis, perjoangan nyiar jodo atawa strunggle for man tea, anu kumanehna geus dijejeleh digogoreng. Tapi najan kitu manehna heunteu

105