Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngabantah omongan Mimi. Cara tadi jongjon wae ngadengekeun. Ngan ku manehna beuki karasa, aya patenggangan dina hatena antara kacinta anu jadi dasar pikeun ngawangun rumahtangga jeung pikeun neruskeun turunan ti hiji pihak, jeung di pihak sejenna perjuangan wanita pikeun masarakat jeung nagara. Sarta eta patenggangan teh karasa beuki lila beuki ngagedean, beuki ngarongkahan!

 „Aeh, geuning bet dianggurkeun wae. Mangga dileueut yi, tah lumayan ongkoh kuwehna.”

 „Muhun mangga ceu,” walon Esih sarta tuluy nyokot kuwehna sasiki anu disodorkeun ku Mimi.

 „Tapi yi,” sambung Mimi bari ngicip-ngicip kuweh. „Sagala anu dicita-citakeun ku ceuceu anu dicaritakeun bieu tea, teu tinekanan nepi ka kiwari oge. Ceuceu teh goreng milik meureun mana sakieu jadina oge. Ceuceu henteu bisa namplokkeun kacinta ka jelema anu enya-enya dipicinta. Sabalikna ceuceu henteu kungsi ngararasakeun kaasih salaki, nya kitu deui henteu bisa silihkawulaan cara anu ilaharna laki-rabi.” Tuluy bari dumareuda pokna teh: „Rumasa ceuceu teh geus kawin ka banda, kawin anu henteu nyoko kana kaasih atawa kacinta. Estuning ngan didasaran ku kabongroy ku banda, kabongroy ku kabeungharan wungkul... Samasakali taya pisan kasugemaanana. Nya ku sabab eta ceuceu teh neangan kasugemaan sorangan. Memang awewe teh bisa hirup tanpa lalaki, bisa hirup henteu gumantung ka lalaki, tapi ngan saukur dina harti macakal sorangan. Da saenyana mah, mun urang jujur, urang teh butuh ku kaasih lalaki, butuh ku panangtayungan lalaki, butuh ku hirup babarengan jeung lalaki.”

 Kalawan jujur dina hatena mah Esih teh ngaku, yen enya kahayangna teh cara Mimi. Tapi pangakuna ku manehna diteken wae, disidem wae dina hatena, sarta tara diwacakkeun.

 „Dupi ceuceu, ku naon geuning henteu nyuhunkeun dipirak?” Cek Esih rada asa-asa.

 „Dipirak? Atuh lamun nyuhunkeun dipirak mah ceuceu teh kudu indit ti dieu, da ieu teh lain imah ceuceu. Puguh wae yi, ceuceu teh meureun disebut jelema anu henteu nyaho di

106