pangaji diri, anu daek dikungkung teu diawur lantaran kokodoreun ku imah. Tapi yi, saenyana mah da tadi oge ku ceuceu geus disebutkeun yen ceuceu teh kapalang geus kawin ka banda.
,,Nanging, kumaha ceuceu kagungan emutan bade nikah deui ka mu sanes?"
,,Teu wasa yi, ceuceu mah. Kahiji teu meunang kitu da boga keneh salaki. Kaduana, ceuceu mah geus teu ngarep-ngarep deui anu dicita-citakeun tea. Jeung ku sabab eta, ceuceu teh jadi nekad, kumaha behna wae piakibateunana mah, da geus kapalang jadi jelema gagal ieuh."
,,Nanging punten wae ceu, cek Esih rada asa-asa. .,,Dupi ceuceu dugi ka mana hubunganana sareng Kang Kohar?"
,,Hubungan ceuceu? Kieu saleresna mah. Anjeunna teh tilas dunungan ceuceu. Samemeh ceuceu kawin, samemeh dicandung tea, ceuceu teh digawe di pausahaanana. Ceuceu jadi pagawe anu dipercaya. Ti harita oge anjeunna teh sering nganjang ka ceuceu, ti samemeh ceuceu cicing di imah ieu. Lantaran jauh ka indung-bapa, lantaran teu adian teu lanceukan anjeunna teh jadi midulur ka ceucen. Teu nganggap pagawena, teu nganggap deungeun, estuning midulur. Ari barangbere tara asa-asa, bra-bro saniatna, tara dijjir tara diitung. Tangtu wae ceuceu oge mimitina mah heran, malah nyangka bogoheun sagala, sugan teh enya boga hate kadua leutik. Tapi sangkaan ceuceu teh nyoledat, kitu soteh sanggeus ceuceu ngarti."
,,Kumaha kahartosna?" Esih megat kalimah.
,,Kieu: Kang Kohar teh ku sepuhna geus direremokeun ka Nina di Bandung. Ceucen oge terang, budakna nya geulis nya lungguh, putra menak sigana mah Ngan katenjona ku ceucen mah siga priyayi kabaheulakeun. Tah Kang Kohar teh teu bogoheun ka Nina teh. Lain cek ceucen, da anjeunna anu walca. Nya ku sabab eta ngarasa bingung salalawasna. Ari rek murut ka kolot, kumaha da puguh teu bogoh, teu saluyu jeung lelembutan. Ari ek balaka mampik, teu werat ngalalangkunganan kapalay sepuhna. Nya iku sabab eta deuih, ceuceu di dieu jadi tempat
panglumpatanana, jadi tempat pikeun ngabeberah hatena.