Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Bubuhan meureun lantaran dipercaya tea.

 Harita keneh, Esih anu geus boga hate kadua leutik, ngadadak milu bingung, dumeh tacan oge prung geus ngarasa boga maru... Nina!

 ,,Sanggeus kaharti kitu gek-gekanana, ceuceu teh. ngarasa watir nepi ka ceuceu ngarasa kudu milu nangtayungan, kudu milu ngabeberah, jeung sok make milu sarasa deuih. Tapi yi, puguh wae tatangga mah nyangkana teh teu paruguh, majar ceuceu bobogohan, majar Kang Kohar ngalambangsari. Padahal, demi Allah! Sanajan ceuceu nya sakieu kaayaan, sanajan ceuceu ku salaki disakieukeun, ceuceu mah teu boga niat ngagoda, malah sabalikna hayang milu ngajeujeuhkeun. Geus kapikir ku ceuceu, yen lamun ceuceu ngabogohan anjeunna, hartina ngahinakeun! Lain ngamulyakeun! Nya ngahinakeun anjeunna, nya ngahinakeun diri ceuceu sorangan, Keukeuh, hate ceuceu mah teu tega, teu mikeun! Nu karasa mah malah namplokkeun kanyaah, kaasih, bubuhan ka saha deui atuh lamun henteu ka anjeunna? Da ceuceu mah geus teu indung teu bapa, teu sanak teu pinak."

 Lega, beuki lega ieu dunya, beuki plung-plong dina sawanganana. Hatena ngadadak bungangang, lir nu panasaran meunang bongbolongan. Raray nu tadina pareum nembongkeun pinuh ku karungsing, ngadadak cekas cahyaan, cihuk lir dangdaunan sabada kahujanan.

 ,,Ah, ceuceu mah! Piraku teuing bogoh ka jelema saliwat."

 Tapi justru ku sabab eta, Nyi Mimi anu lain karek sakatiga wawuh kana kahayang budak ngora, beuki yakin kana panyangkana, yen Esih teh bogoheun ka Kohar. Nyeh manehna imut ngagelenyu anu ngalantaran Esih jadi bingungeun.

 ,,Dupi ceuceu," cek Esih rek mengkolkeun wangkonganana.

 Tapi teu kebat nyaritana, kaburu kapegat ku Nyi Mimi:

 ,,Ulah salempang yi, mun deuk enyaan mah ku ceuceu baris dijeujeuhkeun. Ceuceu oge bisa ngarti jeung bisa ngararasakeun kahayang jelema ngora, da geus ngalaman atuh!"

 ,,Gandeng ceu!" Walon Esih bari nungkup beungeut ku dampal leungeunna.,,Abdi mah can tiasa bobogohan ieuh. Sareng deui

108