Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

apan ... " Teu kebat nyaritana, kaburu aya anu pupuntenan di hareup.

 ,,Aeh itu geuning aya tamu. Aeh geuning Kang Kohar." Cek Mimi bari cengkat tina korsina. Memeh ngamanggakeun, ngiceupan heula ka Esih bari ngagelenyu ngajak imut. Langgeor manehna ka hareup, bray mukakeun panto, sarta tuluy ngamanggakeun.

 Tamu tea tuluy asup bari alewoh nanyakeun itu-ieu. Nya harita Esih diwawuhkeun jeung Kohar ku Mimi. Nya harita Esih paamprok deui jeung Kohar anu kungsi jadi pikiran. Beda jeung nyanghareupan lalaki sejen, nyanghareupan Kohar mah Esih teh mani geugeumeueun, ngan sirikna wae teu bareuheuheudeun jeung ngadegdeg. Rarasaanana jadi bareda, komo ari keur diteuteup beungeut mah, mani barijil kesang tiis. Ari ngajawab pertanyaan sok tara bener, ah-eh kaliru deui kaliru deui, lantaran pikiranana geus kaungkulan ku panon Kohar, geus teu bisa dikontrol jeung disusun deui. Nepi ka tungtungna mah ngan bisa nyumuhun wae.

109