18
ELEH JAJATEN
Cara nyanghareupan lalaki sejen, ka Kohar oge Esih teh kungsi curigaeun. Basa dina hiji mangsa manehna pahareup-hareup deui, manehna tetep waspada sarta sanajan kungsi kapangaruhan nepi kageugeumeueun oge, harita mah satekah-polah nempatkeun dirina anu satata jeung teu poho ngaraksa pangaji dirina. Nya harita deuih, manehna manggih kasempatan pikeun nyaritakeun perjoanganana ka Kohar, lengkep jeung alesan-alesanana.
,,Lamun akang geus boga pamajikan, memang manehna baris ditempatkeun di imah sina ngurus rumahtangga. Tangtu wae disadiaan rencang pikeun babantu. Niat akang kitu teh, cek rarasaan mah, samasakali henteu ngandung harti ngahinakeun istri, heunteu ngandung harti ngarampas kamerdikaanana, tapi justru ku hayang nyenangkeun, hayang ngamerdikakeun, embung ngariripuh, malah hayang ngamulyakeun!” Cek Kohar sabada ngadengekeun pedaran Esih.
,,Cek raraosan akang ngamulyakeun, nyenangkeun soteh. Da ari hakekatna mah ngahinakeun! Akang nganggap yen istri mah tempatna di bumi, henteu kedah ilubiung kana urusan pameget, henteu kedah ilubiung kana pangupajiwa, henteu kedah ilubiung kana padamelan sosial, margi urusan kitu mah dianggap ku akang urusan pameget, istri mah tampi linggih di bumi wae, jadi dewi pupujan ratuning rumahtangga. Padahal sikep akang kitu teh nganggap istri sakaligus nya jadi dewi pupujan, nya jadi jelema bodo belegug, saur pamendak Ellis mah. Sarengna deui, piraku hiji istri henteu ngaraos karampas kamerdikaanana, upami dipingit di bumi sareng kedah gupar-gepor wae di dapur!”
Nyeh Kohar imut leleb pisan. Lain imut nyapirakeun, tapi lantaran kataji ku carana Esih nyarita jeung ku kapercakaanana.
110