„Nu kaharti ku akang, geuning anu diperjoangkeun ku ayi teh bet pikeun nambahan beungbeurat kaom wanita. Sedengkeun anu karasa ku akang, nu tihothat diperjoangkeun ku lalaki mah justru pikeun ngahampangkeun papancen istri. Si lalaki satekah polah digawe lantaran hayang nyumponan pangabutuh rumahtanggana, hayang bisa ngagajih bujang, hayang bisa meuli hawu listrik, licinan listrik, mesinjait listrik, awahing ku naon? Kajurung ku kaasihna, hayang nyenangkeun bojona.”
„Peodal! Kolonial!” Cek Esih megat kalimah, „Akang teh henteu ngemutkeun akibatna. leuheung upami sagala anu ditanggung ku pameget tea tiasa kacumponan ku tanagana, ku usahana. Tapi upami henteu? Naon akibatna? Pameget loba anu henteu wantun rarabi, seueur anu hirup bubujangan, seueur parawan kolot, seueur randa, sareng ku margi pangjurung sexual anu sipatna kodrati ku jelema teh moal tiasa dibangbalerkeun kitu wae, moal tiasa dipaehan dina dirina sewang-sewangan, nya akibatna palacuran meuweuh di mana-mana.” Cek Esih norowelang awahing ku apal.
„Hade, cek Kohar bari imut deui.,,Akang oge geus nyaho tina buku Sarinah karangan Bung Karno tea.”
Esih teu ngawalonan. Rada eraeun kanyahoan modalna teh.
„Tapi ari kawin mah henteu gumantung kana kasanggup lalaki wungkul. Contona akang. Lain akang sombong, akang geus sanggup nyumponan kabutuh rumahtangga najan nepi ka bari ngagajih rencang duaan tiluan oge. Tapi naon sababna akang nepi ka kiwari bubujangan keneh? Terang henteu? Akang teh geus disadiaan calon ku sepuh. Lain istri samanea, nya geulis nya putra menak. Tapi kumaha atuh da akang mah teu bogoh, teu kataji saeutik-eutik acan. Sabalikna, lain saeutik lalaki anu henteu boga pangupajiwa bisa kawin, bisa runtut-raut jeung pamajikanana.”
„Memang,” walon Esih. „Margi pameget mah ari ngajenan istri teh sok tara objektif, salamina sok dibalitungkeun sareng kapentingan dirina. Contona, enggoning ngajenan parawan jekekan, parawan jomlo, sareng randa, sok benten-benten. Margi anu diajenan teh kalungguhanana, sanes pribadina.”