,,Contona?’”’ Cek Kohar panasaran.
,,Contona anu karaos sareng kaalaman ku abdi, da abdi teh randa bilih teu uninga mah.”
,,Randa?”
,,Ku naon akang kaget? Tah geuning, katohyan, akang teh benten respekna ari ka randa mah, Jadi conto anu jelas sarta nyata pisan.”
,,Ulah gaduh prasangka nu lian-lian, yi! Akang mah kaget soteh bubuhan teu percaya.”
,,Tangtos wae henteu percanten mah, da akang ningalna kana waruga abdi. Margi, leres pisan ari waruga mah abdi teh parawan keneh.”’ Walon Esih henteu asa-asa. ,,Mung numutkeun hukum, abdi teh randa.”’
,,Teu kaharti,” tembal Kohar.
,,Randa bengsrat!”’ Cek Mimi ti jero imah.
Barakatak Kohar seuri ngagakgak.
,,Tuh geuning. mani tega ngagumujengkeun ari ka randa mah.” Cek Esih nembongkeun kajaheut hatena.
,,Aaah, atuh ulah sok gaduh pikiran nu lian-lian, yi. Akang mah seuri soteh eta ku make kecap bengsrat! Jeung, bubuhan geus teu asa-asa wae ka ayi mah.” Walon Kohar. Sarta sajeroning kitu manehna beuki katajieun jeung kapincut pisan ku Esih, lantaran kagum ku kapercekaan jeung kajujuranana.
,,Wangsul deui ka nu tadi,” cek Esih.”" Upami ninggang di diri abdi, upami abdi ku sepuh diancokeun keur hiji pameget, abdi mah bade barontak.”
,,Kumaha lamun kabeneran bogoh?”
,,Sanaos bogoh, upami kitu carana, teu sudi nyigcrig abdi mah! Margi, manasina istri digelarkeun ka dunya teh pikeun dijadikeun sasajen kanggo nyuguhan pameget!”’ Walon Esih deui ditungtungan ku nyawet gadona jeung jebi biwirna.
Sakali deui Kohar ngarasa kagum jeung katajieun pisan ku buah pikiranana. Manehna unggut-unggutan bari neuteup kana panon Esih.
,,Geuning lain budak samanea Esih teh,” omongna sajero ning hate.
112