Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kohar beuki panasaran. Lain wae bogoh nyoso lantaran kabengbat ku rupana anu memang geulis, lain wae kabongroy ku awakna anu nya sampulur nya beuneur, tapi jeung kataji ku kapinteranana deuih. Kasawang ku manehna harita yen baris sugema rarabi jeung awewe anu encer uteukna, anu pikiranana dewasa, anu jauh tina basa-basa ogoan atawa aleman. Jeung ku sabab eta, sanajan hatena rada rumegag sarta henteu pati yakin naha Esih baris daek dipileuleuheungkeun atawa henteuna, pok manehna nyarita deui anu leuwih langsung;

 ,,Aya anu penting ayeuna. Hayang nyaho wae akang mah, bubuhan moal aya dina buku jeung moal bisa kapikir ku akang. Ari anu dipikapalay ku ayi lalaki anu kumaha anu ideal pikeun pisalakieun teh? Lalaki anu kumaha anu dipikabogoh ku ayi teh?"

 Eta pertanyaan teh kahartina ku Esih anu surti mah kieu: ,,Ayi teh bogoh ka akang?"

 Ku sabab eta, Esih ngarasa kaboker mataholangna. Harita keneh getihna nyeak naek kana raray. Manehna henteu bisa nyum- putkeun pasemonna, henteu bisa nyumputkeun hatena deuih. Hatena asa geus nonggerak sarta sagala pangeusina asa bisa kabaca kabeh ku Kohar. Manehna tungkul ngeluk, lir murid anu katohyan ku guruna. Angena ratug, sakujur awakna jadi tariis asa teu getihan jeung teu puguh rarasaanana. Sakapeung asa ngoleang, asa napak asa henteu, asa leungit jajaten leungit wewesen. Biwirna rapet, panonna caleuy, lir mata domba peunciteun.

 Nyi Mimi anu keur ngaput di patengahan, ngadedengekeun wae, panasaran hayang nyaho jawabna. Manehna meunang ngahaja geus mere kasempetan ka Esih sangkan bisa nyarita laluasa jeung Kohar, sangkan bisa silihteuleuman hatena, sarta manehna ngabandungan ti kaanggangan, persis cara kawijaksanaan hiji indung ka anakna anu keur barobogohan.

 Sajongjongan Esih ngeluk wae teu lemek teu nyarek, teu usik-usik acan. Manehna teu wani ngajawab. Pikiranana macet teu bisa dikamudikeun. Sajeroning kitu, Kohar anu bogoh nyoso ka Esih ngagunakeun ieu kasempetan anu kacida hadena pikeun maksakeun pangaruhna. Kalawan daria, pok manehna nyarita

113