Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rada gugup meueusan:

"Kumaha ari diri akang kamanahna ku ayi?"

Eta pertanyaan teh ku kasurtian Esih mah kahartina sarua jeung: "Akang oge bogoh ka ayi." Ku sabab eta, bras rarasaanana asup ka dunya aheng anu tacan kungsi kasaba, anu barareda ti sasarina. Manehna meh teu yakin, yen anu nanyaan teh Kohar, jelema anu geus mimiti dipicangcam. Manehna meh teu yakin kana ceulina sorangan.

"Upami kersa sami-sami mileuleuheungkeun, hayu urang sasarengan!" cek Kohar deui kalawan leuwih enya-enya.

Nya harita niatna mah Esih teh rek unjuk gigi. Nya harita niatna mah Esih teh rek nembongkeun wewesen jeung pangaji dirina, tapi teu prak, awahing ku bingung, teu nyaho naon anu kudu dipilampah. Malah sabalikna, antukna mah asa leungiteun diri.

Rupa-rupa sual anu pabaliut dina pikiranana. Kapikir ku manehna, yen sabada kawin mah baris leungiteun sabagian gede kamerdikaanana. Ras inget kana perjoanganana, pikeun ngarebut kamerdikaan, pikeun nanjeurkeun hak-hak ajasi anu sarua jeung lalaki. Harita tuluy asa kadenge sora Ikah anu marentahkeun ka para anggota paguyubanana: "Berjoang!" Dedengeeun deui ku sora Mimi: "Kudu mulang ka rumahtangga!" Ras deui manehna inget kana cita-cita jeung kahayangna anu asali, anu dipendem dina hatena ti mimiti baleg: salieuk beh, imah alus, loba anu ngawulaan, jadi ratu rumahtangga, dipikaajrih jeung dipikaserab ku sarerea. Nya ayeuna bisa katedunan, asal daek ninggalkeun perjoangan, tuluy mundur kana cara peodal. Timbul deui kahayangna anu geus disidem, hayang boga salaki anu kasep, anu geugeut micinta, anu jadi tempat namplokkeun kaasih, anu bisa ngayunkeun sakahayangna. Ras deui inget kana pangaji diri, naha mending hirup satata turta sapagawean jeung lalaki, atawa mending jadi abid purah ngawulaan salaki di imah, bari dimemenan, dipuja jeung dianggap belegug... Esih angger ngeluk teu usik-usik. Curuluk cipanonna mapay pipi. Lian ti cipanon, manehna teu bisa ngajawab.

Kohar naha napas. Nya kitu deui Nyi Mimi anu keur

114