ngadengekeun di patengahan, geus meh teu sabar ngadago.
Teu lila tuluy kadenge Esih sumegruk, beurat ku mikiran pamadeganana anu geus lumeok, bingung ku milih pijalaneun, sarta kayakinan anu ku manehna geus ditanjeurkeun teh mimiti tibuntang- banting
Jung Kohar nangtung, tuluy ngadeukeutan. Leungeun Esih duanana dicekel palebah peupeuteuyanana. Pek manehna tungkul, Sarta bari ngeleper manehna ngaharewos: »Akang ngarti kana perjoangan ayi, akang ngarti kana hate ayi sarta bisa milu ngarasakeun. Ulah salempang, akang salawasna baris aya gigireun ayi...” Ngok manehna nyium palebah embun-embunan.
Esih ngadegdeg. Rarasaanana teu paruguh, asa ngimpi asa eling. Kakara harita manehna ngadenge harewos lalaki anu pinuh ku katresnan. Kakara harita manehna ngarasa dicium embun-embunan ku lalaki anu pinuh ku kasmaran. Kakara harita manehna dicekel ku lalaki anu kacida geugeutna.
Sanggeus Kohar diuk deui, lelembutanana asa karumpul deui. Jung Esih nangtung. Karasa awakna asa ngoleang, asa napak asa henteu. Bari sumegruk, manehna ngalengkah lalaunan asup ka tengah nyampeurkeun Mimi. Ku Mimi dirontok, ngok dicium palebah tarangna. Tuluy sirahna dikeukeupkeun kana dadana. Esih inghak-inghakan. Dadana rumanjug teu eureun-eureun.
,,Kedah kumaha abdi teh ceu?” Omongna dumareda bari nyuuh kana dada Mimi.
,,Turutkeun wae sakahayang hate sorangan,” walon Mimi kalawan nada anu ngajeujeuhkeun.
Mimiti manehna yakin, yen panyangka gorengna ka Mimi, teh nyalahan. Sarta karasaeun deuih, yen bener Mimi teh ngajeujeuhkeun.
Esih geus ngarasa eleh jajaten ku Kohar. Tanggul-tanggul kasadaranana hiji-hiji dibobolkeun ku kahayang jeung cita-citana anu geus lawas dipendem dina kalbuna. Saminggu ti harita manehna geus bisa diajak ulin ku Kohar. Saminggu ti harita manehna teu ngarasa era deui mun dijajanan, dipangmeulikeun naon-naon, atawa dibere duit teh. Kasadaranana beuki nyirorot,