Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

19

SAKECLAK CIPANON

 Geus sababaraha kantor anu ku manehna didatangan, geus aya puluhna surat anu ku manehna dikirimkeun, kabeh ngawalonan taya lowongan. Sering pisan Esih indit ti imah, ngatrok ka saban kantor, ngulincer neangan kawawuhan susuganan aya anu daekeun mere pagawean. Cicing di imah ngarasa teu genah, ngarasa teu ngeunah hate, lantaran geus aya tilu bulanna henteu bisa nyumbang balanja ka uwana. Kawuwuh deui manehna asa kasiksa ku teu boga duit. Hirup di kota tanpa duit, leuwih nyeri karasaeunana batan puasa anu diniatan.

 Lain manehna teu curiga ka Kohar, cara sasarina manehna, curiga ka saban lalaki. Tapi harita mah, wawuh jeung Kohar anu sok ngajajanan jeung sok mahugi teh, karasaeunana lir meunang rahmat ti Pangeran. Ti harita manehna beuki sering indit ti imah, beuki carang aya di imah. Mun teu ngahekok di Nyi Mimi, tangtu manehna dibawa ulin ka ditu ka dieu ku Kohar. Ku Nyi Mimi mimitina mah sok dibarengan, tapi ari satuluyna mah ngahaja diantepkeun wae, sabab ku jalan kitu teh manehna ngarasa wijaksana. Sedeng ka uwana, Esih teh geus wani ngabohong, geus wani ngareka carita mamrih dipercaya. Mun geus sakali ngabohong sarta aya anu percaya, kacida gampangeunana pikeun ngabohong deui jeung kacida ngeunaheunana pikeun terus-terusan ngabohong. Kasadaran kana pangaji dirina, anu tadina diraksa didama-dama, sanggeus nyirorot sakali teh beuki terus-terusan nyirorot, anu antukna titeuleum pisan kapopohokeun.

 Harita teh hujan ngaririncik nepi ka peuting. Jut tina mobil, sanggeus nganuhunkeun, manehna gesat-gesut leumpang gancang, gede asup kana gang anu rada poek, kikicipritan nincakan cai. Nepi ka imah, kasampak Ikah, kapilanceukna tea, dina korsi. Ngahaja manehna nyaring nepi ka peuting ngadagoan Esih datang lantaran teu ngareunah hate.

117