Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Esih asup bari gigibrig miceunan cihujan jeung nyusutan rarayna ku saputangan. Ku Ikah henteu buru-buru ditanya, diantepkeun wae heula sakarepna. Tapi Esih anu miheulaan nanya:

 ,,Geuning nyaring keneh ceu? Ngantosan abdi?"

 ,,Enya," walon Ikah kawas anu henteu purun bari nahan kakeuheul. Esih asup ka kamar. Di dinya manehna gesat-gesut disalin. Rap disamping jeung dibaju anu biasa sok dipake sare. Pakeannana anu baraseuh kahujanan dibeber-beberkeun dina tambang anu nganteng di kamarna. Hatena teu daekeun ririh, lap deui lap deui sumeblak sarta beuki lila karasa beuki lewang.

 ,,Lamun ceu Ikah jeung Uwa nyarahoeun, pasti aing diusir ti dieu!" Omongna sajeroning hate. Tuluy sambungna: ,,Lamun indung-bapa nyarahoeun, moal teu dipodaran aing teh!"

 Beres disalin, dihajakeun paripolahna siga sasari, kakaratak neangan dahareun kana lamari makan. Saayana ku manehna dicokotan dipindahkeun kana meja.

 ,,Tos tuang ceu?"

 ,,Enggeus," tembal Ikah bari jongjon kekerod.

 ,,Ari uwa?"

 ,,Enggeus kabeh oge," tembal Ikah deui.

 Saeunyana mah teu hayangeun dahar ieuh Esih teh, da enggeus tadi di restoran jeung Kohar. Ngan ngarah henteu kaciri wae . . . Ari uwana harita oge tacan sare ieuh. Ngan ngadedempes wae soteh ngahaja sangkan henteu milu nyarekan, da geus nitah Ikah pikeun nyarekna mah. Manehna geus percayaeun ka anakna yen baris wijaksana enggoning nyanghareupan Esih teh.

 Sanggeus beres dahar dahar caman-cemen da teu hayang tea bari angger lalewang jeung sumeblak hate, brek Esih diuk hareupeun Ikah anu keur jongjon kekerod. Najan kitu ku Ikah henteu ditanya teu ditakon, teu direret-reret acan. Sawatara jongjongan taya nu lemek. Esih teu nyaho kudu nyaritakeun naon. Ikah atuh mikiran keneh, kumaha nyarekanana. Tapi nya ku sabab eta Esih beuki elekesekeng teu ngeunah cicing, beuki lalewang hate sieun kaboker rasiahna.

118