Teng lonceng tatangga disada sawelas kali.
,,Geus jam sawelas!” Cek Esih jeung cek Ikah dina hatena sewang-sewangan.
Sajongjongan deui taya nu lemek. Ikah jongjon kekerod. Esih beuki ngarasa lewang, nepi ka teu wani usik-usik acan, ngan jantungna nu beuki lila beuki ratug, sedengkeun sakujur awakna jadi tiis asa leungiteun getih. Tungtungna Esih maksakeun maneh, ngawanikeun maneh nanya:
,,Ceuceu teh ngambek?”
Ikah henteu ngawalonan. Tonggoy nganggeuskeun pagaweanana. Esih beuki teu ngeunah hate. Getihna ngadadak nyeak kana beungeut nepi ka beureum geuneuk sakolebatan. Lantaran Ikah teu keneh wae ngawalonan, manehna ngucap sajeroning ati:
,,Nya ayeuna aing baris ditalek. Nya ayeuna aing baris dicarek. Jeung nya ayeuna aing baris dititah balaka....”
Bakating ku asa lila teuing disiksa, asa diantep teu dianggap jelema, beuki lila angenna beuki eungap, ambekanana karasa beuki sesek. Sarta ku sabab eta manehna ngawanikeun deui nanya, ngan sorana robah jadi dumareuda, dituturkeun ku cipanon anu nyuruluk teu kaampeuh:
,,Ceuceu teh ngambek ka abdi?”
Teu diwalonan deui bae.
Segruk Esih ceurik. Ceurik ditahan-tahan nepi ka nginghakna oge hah- heh- hoh.
Ikah nyengkatkeun sirahna, tuluy mencrong seukeut pisan kana panon Esih anu keur reumbay. Pamencrongna seukeut pisan, nepi ka ku Esih karasa parat kana hatena. Sakabeh anu dirasiahkeunana asa nonggerak bisa kanyahoan kabeh ku Ikah.
,,Sukur wee ari keharti mah,” cek Ikah. ,,Tapi pek geura wakca-balaka ayeuna!”
,,Naon anu kudu dibalakakeun ku abdi ceu?” Walon Esih. ,,Naon nu kudu diwakcakeun?” Sarta bari terus inghak-inghakan