manehna nyambung deui: ,,Naha ceuceu teh henteu percaya ka abdi?”
Ikah teu ngawalonan deui. Omongan Esih dianggap omong kosong, dianggap ekol anu geus dikarang-karang ti anggalna. Tapi Esih nuluykeun deui:
,,Sabenerna mah, ceu, abdi teh sering indit ti imah soteh lantaran eta. Era ku tara ngabalanjaan ka uwa, era ku teu bisa nyumbang ka uwa, era ku nyusahkeun. Ari rek balik ka lembur, abdi teu werat dina wanci-wanci ayeuna mah. Sabab, sabab, sabab..." Teu kebat nyaritana, kaselang ku sumegruk heula.
Sajongjongan manehna sumegruk jeung inghak-inghakan. Hatena beuki tagiwur, pikiranana beuki ngarancabang teu puguh dumukna.
,,Sabab, sabab ... ” omongna satuluyna. ,,Di lembur oge abdi mah geus diapilainkeun, tara ditanya tara diwaro ku sasaha oge.”
,,Eweuh anu menta balanja, euweuh anu ngarep-ngarep panyumbang, euweuh anu nitah balik. Nu diarep-arep teh sangkan maneh jadi jelema bener, pinter jeung nyaho di pangaji diri.” Cek Ikah bari teu ngareret-reret acan.
,,Muhun kitu teana mah. Tapi da karasa ku abdi mah era atuh.” Walon Esih ditungtungan ku sumegruk.
,,Era?”
,,Sumuhun, era, nepi ka teu kuat lila-lila ari cicing wae di imah teh.”
,,Heueuh, ari ulin jeung lalaki nepi ka peuting mah henteu era nya?”
Lir gelap nyamber ti beurang eta omongan teh kadengena ku Esih mah. Lap hatena nyeblak. Reup bumi-alam asa poek sajongjongan. Ragana asa ngoleang, asa napak asa henteu. Dadana beuki sesek ngambekanana asa beuki engap, tetenjoannana asa maluntir.
Hadena wae Ikah ingeteun yen harita teh geus peuting teuing, teu hade nyarekan jelema tengah peuting bisi jadi gorgar pasea ongkoh. Ku sabab eta bari ngarawu pagaweanana, pok manehna nitah sare ka Esih:
120