,,Geura sare, ayeuna mah, tas huhujanan bisi jadi panya kit."
Esih nurut. Jung nangtung, Karasa awakna asa ngoleang. Tuluy asup ka kamarna.
Tapi boro-boro bisa sare. Cipanonna angger wae nyuruluk teu saat-saat, najan teu sumegruk deui oge. Ngan sakapeung-kapeungeun kadenge inghak-inghakanana. Bari ngajeprah teu nangan, pikiranana kumalayang. Ras inget kana kajadian sawatara jam ka tukang, waktu kahormatanana dipasrahkeun ka kabogohna. Ras deui manehna inget kana kalung jeung duit duapuluh rewu anu disimpen dina jingjinganana, pamere ti Kohar.
,,Tapi naon hartina barang sakitu, naon hartina duit sakitu, mun seug dibandingkeun jeung sakeclak cipanon aing sabada sumerah diri?" Omongna sajeroning hate.
Curuluk cipanonna nyuruluk deui kalawan henteu karasa. Sarta bari nutupan beungeutna ku tungtung simbut, hatena ngagerentes deui:
,,Can lila, dua-tilu jam ka tukang aing masih keneh jadi jelema sampurna. Tapi ayeuna... ” Teu dikebatkeun, da kaburu bibirigidigan sieuneun ku piakibateunana.
Parat nepi ka isuk. Esih teu bisa sare sakiceup-kiceup acan. Sapeupeuting diungkulan ku rasa kaduhung, kabingung, jeung kasieun anu lain di kieuna Jul-jol kasawang saurang-saurang: Indungna, bapana, dulurna, Udi, batur sakampungna . . . kabeh malencrong maca hatena, tuluy kabeh mariceun beungeut, cuh-coh mangnyiduhkeun . . . Sakapeung deui kasawang nu tingkecewis ngomongkeun, nu tingcikikik nyeungseurikeun, . . . jeung sakapeung deui anu barangasan, anu nunjuk-nunjuk nuduh nirca. . . Jeung anu weleh ku manehna teu kaharti: ,,Naha enya dina kahormatan, pernahna kamulyaan awewe teh?”’....