"Tapi urang teh henteu bisa kikieuan salalawasna, kang!” Cek Esih bari neuteup cilaut anu gugurilapan katojo srangenge.
Laut mayakpak satungtung deuleu pinuh ku ombak anu patingsurungkuy jeung siga anu paboro-boro paheula-heula ngudag basisir. Saban-saban neumbag gawir karang, pareupeus peuyar mancawura jeung tingjorelat sakilatan-sakilatan. Angin laut anu datangna reureundahan gumumh nebak dangdaunan, awor jeung gumurmhna sora ombak. Esih sababaraha kali nyiklakkeun buukna anu nuruban tarangna, jeung meus-meus menerkeun erokna palebah tuur anu katebakan angin, sedeng panonna siga anu teu bosen-bosen neuteup legana laut. Kabogohna, Kohar, diuk gigireunana. Teu paanggang, malah pagegeye pisan ti barang brek dariuk di dinya oge.
,,Kudu kumaha atuh?” Walon Kohar api-api henteu ngarti.
,,Urang kudu buru-buru ngawangun rumahtangga. Urang kudu hirup ilahar cara batur.”
,,Teu kudu buru-buru, da loba keneh waktu mah.”
,,Ngadagoan naon deui?”
,,Ngadago beres sapuratina, sangkan lungsur-langsar dina prakna. Ulah sagala ngadadak, da ari pagawean dadakan teh tara sampurna.”’
,,Tapi abdi mah hariwang. Mo kuat lila-lila ngadago.”
,,Hariwang ku naon?”
Esih ngarasa kuciwa ngadenge walonan kabogohna kitu teh. Tapi manehna henteu wani nyaritakeun katugenah hatena saceplakna. Inggis bisi Kohar nganggangan atawa ninggalkeun pisan. Inggis bisi kahayangna henteu dicumponan. Sabab lamun manehna ditinggalkeun ku Kohar, geus kasawang
122