Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

piakibateunana anu baris nyiksa dirina leuwih gede batan harita. Ulah bon ditinggalkeun atawa papisah lila-lila, sedeng teu papanggih sapoe oge, kahariwangna ngungkulan dirina. Hariwang, inggis, bok bisi Kohar indit jauh samemeh nyumponan tanggungjawabna. Jeung nya ku sabab eta, beuki lila manehna beuki sumerah, beuki nurutkeun wae kana kahayang kabogohna, kalawan harepan bisa babarengan ngahiji salalawasna.

Tapi sanggeus sawatara jongjongan taya nu lemek, pok Esih ngawanikeun maneh nyarita deui,

„Urang teh geus dua bulan kikieuan bae. Iraha atuh rek a diresmikeunana?”

„Naon anu kudu diresmikeun?” Cek Kohar deui api-api teu ngarti.

Lantaran keuheul ku sikep Kohar, pok deui Esih nandeskeun,

„Naon Cek akang? Naon? Bisi henteu terang mah abdi teh geus ........ geus .........”

Teu dikebatkeun nyaritana kaburu piceurikeun midak ma manten.

„Geus naon?” Cek Kohar deui heraneun.

Bari nungkup beungeut ku dampalleungeun Esih sumegruk. Sarta ku sora anu dumareuda pok ngawalonan sanajan asa-asa oge,

„.Ngandeg, kang.”

Kohar ngajenghok. Leng asa kapoekan teu puguh tetenjoan sajongjongan mah. Angenna ratug. Sakujur awakna ngeleper, ngan rada ditahan sangkan henteu kaciri. Harita keneh manehna ingeteun ka Nina anu ngadago-dago di Bandung, anu ku indung-bapana diancokeun pikeun pibojoeunana. Ras inget kana omongan indung-bapana anu saban ngomongan mamawa asmana Jesus Kristus. Kasawang devi ku manehna Nina siga nangtung dina beungeut cilaut, anu enya ari geulis mah, tapi tacan kungsi meunang tempat dina hatena. Ras deui ka Esih keur diuk pagegeye gigireunana, anu geus namplokkeun asih jeung kageugeutna, anu salawasna ditarima ku katresnan sagemblengna, sarta anu henteu incah-incah tina hatena.

123