Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ras deui manehna ingeteun ka Mimi, tempat panyalindungan anu jadi tempat panglumpatan mun keur pusing, panonoban mun keur buntu laku. Ras manehna inget kana hiji peuting, waktu hujan ngaririncik, waktu mimiti pisan nyacapkeun kapanasaranna ngahijikeun jiwa-ragana jeung Esih, waktu Paripolahna ngan diatur ku rasa wungkul kalawan henteu inget kana tanggungjawabna.

Esih angger sumegruk. Dadana rumanjug jeung napasna rumenghap katahan-tahan. Buukna awut-awutan jeung tingkerewis katebak angin. Harita, katenjona ku Kohar beuki geulis, beuki pikageugeuteun, nepi ka teu inggis-inggis manehna ngarangkul palebah cangkengna bari nyium buukna anu kaangin-anginkeun.

„Aya nu ngahalangan kahayang jeung cita-cita urang!” Cek Kohar rada ngaharewos tandaning mikageugeut. Tapi justru omonganana ieu anu ngalantarankeun Esih jadi ambek, sarta pokna bari cengkat jeung buringhas,

„Nu ngahalangan? Naon? Pedah abdi randa? Ngarasa hina mun kawin ka randa? Na dianggap naon abdi teh? Dianggap tempat pelesiran?”

„Aeh, ke heula! Ku naon geuning bet ka dinya losna? Ke heula, teu kaharti akang mah!” Walon Kohar bari ngalesotkeun leungeunna anu ngarangkul tea.

„Naon deui atuh? Naha bet teu kaharti? Cindekna saha anu kudu tanggungjawab ayeuna jeung pikeun salalawasna?”

„Ke heula, sabar atuh. Sing beres nyaritana, ulah dibarung ku amarah. Pek geura terangkeun, kumaha kahayang teh? Urang pikiran babarengan.”

„Apan tadi geus diterangkeun. Urang teh kudu buru-buru ngaresmikeun hubungan urang. Urang kudu ngawangun rumahtangga. Sagala paripolah urang kudu puguh tanggungjawabna. Abdi hayang gaduh panangtayungan hukum.”

„Tah pikeun ngalaksanakeun eta kahayang teh aya anu ngahalangan .......”

„Halangan naon? Ulah nyieun alesan anu dik arang-karang! Ayeuna mah kudu buru-buru prung, geus mo bisa

124