Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ditunda-tunda deui!” Walon Esih beuki barangasan.

„Hade urang buru-buru prung. Tapi rek make hukum nu mana, rek make agama nu mana urang teh?”

„Hukum nu mana? Agama nu mana? Tangtu wae make hukum anu puguh rengkolna jeung agama anu diagem ku urang.” Walonna rada heran bari nyusutan cipanon.

„Akang mah embung ari kudu make hukum Islam mah.”

„Naha?” Cek Esih beuki heraneun jeung kageteun.

„Da akang mah ngagem agama Kristen!”

Meh wae Esih tikusruk kana gawir basisir lamun henteu kaburu ditangkeup ku Kohar mah. Tetenjoanana asa maluntir, sakapeung poek sakapeung hurung. Sakujur awakna jadi tiis cambewek lir teu getihan, sarta laleuleus satulang-sandi, geus kawas nu taya tangan pangawasa deui. Manehna ngarumpuyuk dina lahunan Kohar.

Harita Kohar asa inget asa henteu, asa ngimpi asa eling, asa ilang pangacian sajongjongan mah. Kakara sanggeus lelembutanana karumpul deui, regeyeng manehna mangku Esih ti dinya, dibawa ka beh tonggoh, ka nu loba jukutan jeung nu leuwih iuh.

Angin laut angger reureundahan. Sakapeung leler ngahiliwir, tiis asa ngusapan, sakapeung deui ngahiuk jeung ngais guruh nebak dangdaunan di tonggoh. Nya kitu deui sora ombak anu pareupeus di basisir angger reureundahan, sakapeung jumegur awor jeung sora angin, sakapeung deui teu pati harus, mun datangna ngan ukur nyeblokan karang. Jeung beh jauhna, dina moreretna poe panas, cilaut patinggurilap.

Sanggeus lilir deui, Esih dikaleng ku Kohar dibawa kana mobil sedanna. Sajajalan, sabot mobilna ngaguluyur, duanana taya nu nyarita sakemek-kemek acan. Duanana diungkulan ku kabingung anu taya papadana, duanana ngencarkeun pikiranana sewang-sewangan jeung sakapeung kadenge Esih sumegruk ...........

125