Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

21

PATI — HURIP

Eta imah teh teu pati gede, ngan bareres jeung bareresih, turta taruus deuih. Pernahna rada anggang ti jalan gede, nyanghareupan gang anu weuteuh keneh. Di jerona garenah, aya kamar tamu, aya kamar tepas keur sasadiaan bisi aya tamu anu ngendong, aya patengahan anu diwangun ku dua rohangan, dieusian ku korsi.rotan sasetel jeung meja makan katut lamari makan. Kamar tidurna, aya dua, anu hiji paranti Esih jeung anu hiji deui dieusian ku rencangna, Si Inah, budak awewe anu kakara meujeuhna titaheun. Saenyana mah cukup mun dieusian ku kulawarga anu jiwana limaan boh genepan oge. Malah mungguh di kota mah leuwih ti cukup laluasa mun boga imah sagede kitu teh.

Ti samemeh katangen kakandunganana Esih geus pindah ka dinya, dipernahkeun ku Kohar. Lain imah nu Kohar, tapi beunang ngahaja mangnyewakeun. Ka uwana, Esih teh bebejana mah rek balik ka lembur, kalayan alesan teu boga pangupajiwa di kota. Kungsi ku Ikah oge diandeg teu meunang balik, da keur dipangneangankeun pagawean anu merenah. Tapi Esih maksa wae. Ku sabab sasatna hirup sakota keneh jeung Ikah, atuh maksakeun maneh Esih teh tara daek luntang-lantung, malah sakalieun ngalangeu di hareup oge sok tara daekeun lila-lila, da bisi kanyahoan ku Ikah boh ku uwana.

Ari Kohar, kabogohna anu dianggap boga tanggungjawab, ari keur henteu indit-inditan ka luar kota mah biasa sok juljol ka dinya, aya mondok aya henteu, kumaha pereluna wae. Cindekna, meh taya bedana jeung nu laki-rabi. Ngan sareatna mah kawas leuwih untung mun dibandingkeun jeung Nyi Mimi anu dicandung teh. Keur kaperluan sapopoena, cindekna mah keur dahar-pakena, biasa deuih sok dicumponan sacukupna, malah tampolana mah leuwih ti cukup. Tapi sanajan kitu, keu-

126