Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keuh wae Esih teh henteu sugema, ngarasa jadi jelema anu pinuh ku dosa, pinuh ku kasieun jeung kahariwang, jeung sakapeung ngarasa jadi jelema beulian anu dikungkung ku batur. Atuh leuwihna ti eta, manehna ari keur sadar jeung jujur mah sok ngarasa jadi jelema anu laip, anu hina, hirup jadi ingon-ingon batur. Tapi dalah dikumaha, dina Mangsa-mangsa kitu mah taya deui nu bisa dipilih ku manehna, iwal ti hirup cara kitu. Sagala katugenah jeung papait anu kaalamanana, sok diteureuy buleud wae, atawa mun teu kitu disidem dina hatena. Kungsi manehna oge boga niat rek bibilasan, ngan teu Kaduga jeung teu luas, nu sidik mah ngan jadi gering nangtung ngalanglayung.

Rarayna beuki lila beuki pias kanyos, awakna ngorotan ngan beuteungna nu kakandungan anu beuki lila beuki ngagedean teh. Tapi kabeh oge ku manehna ditarima kalawan pasrah sadrah, lantaran geus rumasa eleh sumerah.

Sakapeung manehna sok ngarasa leungiteun milik dirina, anu kungsi ku manehna dipibanda jeung diraksa. Memang geus loba leungiteunana teh. Ti mimiti pangaji dirina, kahormatanana kamerdikaanana jeung ahirna sabagian gede tina dunya tempatna rumingkang. Mun manehna ingeteun ka dinya, teu bisa hojah kumaha, teu bisa majar kumaha, cukup ku ngeclakkeun cipanon.

Kosongna hate jeung heureutna dunya, ngalantarankeun manehna sering ngalamun, sering ngencarkeun pikiranana. Tapi sukur nu dipikiranana buntu deui buntu deui, anu antukna mah taya pamustunganana. Ngan aya anu henteu beak-beak dipikiran jeung anu teu puguh pamustunganana teh, anu beurang-peuting teu weleh ngarurungsing:

„Rek ngadago-dago naon deui atuh hirup di dunya teh ari puguh kieu jadina mah?” Pikirna bari ngabebengkang dina ranjang. „Ngadagoan ngalahirkeun? Mun budak geus brol lahir, rek naon deui? Bet beda pisan jeung bareto, puguh anu dipikiran jeung puguh anu dirasakeun tur puguh tujuanana. Saenyana, lantaran geus euweuh deui anu didago-dago, leuwih hade aing teh pondok umur wae, sangkan kanyeri jeung wiwirang henteu nambahan deui ongkoh. Naon sababna Pangeran

127