henteu buru-buru nyabut nyawa jelema anu dosana geus ngadagleg? Atawa kudu usaha sorangan mun hayang mondokkeun umur oge? Tapi kumaha carana?”
Kasawang ku manehna belati anu seukeut, obat sublimat, tambang pikeun ngagantung, tuluy kasawang matana buncelik, letahna ngelel lantaran beuheungna kacekek ku tambang, awak ngababatang teu usik teu malik ........ Kaburu sieun manehna nungkup beungeutna, teu kuat nuluykeun sawanganana, ditungtungan ku bibirigidigan jeung istigpar sababaraha kali.
„Padahal,” omongna deui sajeroning ati. „Geus euweuh anu kudu didago-dago, euweuh arep-arepeun deui. Tapi naon sababna aing bet sieun paeh? Naon sababna bet sieun ku pati?”
Nepi ka kagegeringan Esih teh lantaran loba teuing nu jadi pikiran. Sagala rupa dipikiran, sagala rupa dibalitungkeun jeung dirina. Akibatna sare kurang, dahar teu nyarari, antukna ngajeprah wae sapoe-sapoena teh.
„Naon anu karasa teh atuh, eulis?” Cek Kohar bari sidengdang dina ranjang maturan Esih.
„Taya nu karasa, aeh ketang teu puguh raraosan. Nu sidik mah hayang geura puput umur, tapi sieun.” Walon Esih.
„Sieun ku naon?”
„Sieun ku pati! Sieun bebendon Pangeran!”
„teu teh kumaha, geuning bet mikiran pati sagala. Lain pikiraneun jelema ngora pati mah!” Omong Kohar anu heraneun.
Ah, rek naon hirup oge, da geus euweuh deui anu bisa diarep-arep, da geus sakieu buktina ongkoh.”
Kohar beuki heraneun, malah kacampuran reuwas. bisi Esih kumaha onam, bisi enya rek bibilasan. Tapi pikeun ngagedekeun hatena manehna seuri ngagakgak, ngan karasa pisan seurina teh dijieun-jieun, hambar jeung maur deuih.
„Bet pesimistis pisan geuning. Jelema ngora mah kudu optimistis, dunya lega keneh, umur ngora keneh, teu kudu mikiran pati, anggur mikiran hirup ka hareup hancaeun urang.”
Taya pangaruhna omongan Kohar bieu teh. Ku sabab eta