Esih cicing wae. Tapi hal ieu teh henteu nengtremkeun hate Kohar, malah sabalikna jadi pikahariwangeun.
„Ari maot teh nyeri atawa henteu, kang?”
Beuki reuwas Kohar nanya deui, „Nanaonan bet nanyakeun nu kitu?”
„Tuda hayang nepi ka dinya, ngan can luas, da keukeuh sieun ku pati teh.
„Lamun sieun geura singkahan ulah dipikiran!”
„Nyingkahan? Geus puguh abdi hayang nepi ka dinya!”
„Naon maksudna ieu teh?” Cek Kohar deui anu kahariwangna beuki ngagedean.
„Nya eta sieun, sieun ku pati, sieun maot,”
„Enya atuh, ulah dipikiran ari sieun mah.”
„Hayang ngarti heula. Sugan moal pikasieuneun ari geus kaharti mah.”
„Tapi kumaha lamun sanggeusna kaharti. beuki matak sieun?”
Esih teu ngawalonan. Kohar ngarasa meunang. Tapi keukeuh wae hatena mah hariwang jeung reuwas, bisi Esih kumahaonam. Malah geus jul-jol pikiran gorengna daratang. Barang manehna inget ka doktor, pok manehna nyarita,
„Dagoan nya, akang rek neang doktor heula.”
Esih teu ngawalonan, ngan ukur unggeuk. Henteu neut hudang deuih, angger wae ngarengkol bari ngararasakeun kanyerina.
Sabot ngadago doktor, pikiranana ngencar deui ka ditu ka dieu. Rupa-rupa anu dipikiran, tapi sarupa oge taya nu cucud, Sedeng doktor anu ku manehna disangka moal lila baris datang, nyatana mah kakara jol sabada ngadago dua-tilu jam, eta oge beunang meupeujeuh, beunang ngalulungsur Kohar.
„Naon anu karaos teh?” Cek doktor anu mimiti mariksa.
„Numawi henteu puguh raraosan, Tuan Doktor.” Walon Esih.
„Kirang kulem?”
„Sumuhun, da seseringna mah henteu tiasa mondok.”