,,Paksakeun atuh, da kedah cekap kulem mah. Tuang deuih, kedah cekap."
,,Teu nyarari neda oge."
,,Tadi wengi ngawitan kulem tabuh sabaraha?"
,,Duka, teu emut, da sieun sareng sieun wae anu karaos mah."
,,Sieun? Sieun ku naon?"
,,Sieun maot," walon Esih henteu asa-asa. Nyeh doktor imut, sarta pok nanya deui sanggeus mariksa napasna.
,,Parantos sabaraha sasih kakandungan teh?"
,,Lima sasih, upami teu lepat mah."
,,Sok diparios ku bidan?"
,,Osok saminggu sakali. Nanging tetep ari sieun mah."
Nyeh doktor imut, tuluy cengkat ti dinya. Sarta bari muka tasna jeung ngaluarkeun obat katut pakakas sapuratina, pok nyarita deui tamba teu teuing:
,,Saban jelema oge gaduh kasieun mah. Nanging teu ke- dah diemutan dugi ka kirang kulem kirang tuang. Sareng memang sanes emutaneun, sanes pikiraneun anu keur teu damang. Teu kedah ongkoh urang mah ngemutan pati teh margi Pangeran anu nyepeng papasten mah."
,,Hoyong kahartos heula."
,,Naon anu teu kahartos?"
,,Maot!"
Nyeh doktor teh imut deui sarenyu bari ngeusian panyuntik ku obatna. Tuluy dicoba-coba dipompakeun nepi ka obat- na nyereleng saeutik. ,,Cobi, punten pananganana anu kiwa." Esih nyodorkeun leungeunna. Rek hudang, tapi ku doktor dicarek. Cos disuntik palebah peupeuteuyanana.
,,Tos, moal naon-naon, engke sonten oge damang deui."
,,Ah sieun, Tuan Doktor, abdi mah sieun maot."
Doktor ngahaneng heula, tuluy diuk dina korsi gigireun Kohar, hareupeun ranjang.