Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 ,,Kitu wae emutanana teh Tuan Doktor, majar teh sieun maot," cek Kohar bari siga anu ngalimba.

 Doktor imut deui, tuluy ngusap rarayna ku dampal leungeunna. Pok nyarita kalawan kayakinan:

,,Teu aya nu kedah dipikasieun saleresna mah Jelema anu loba kasieun teh jelema sangsara, sanes jelema bagja, sanes jelema senang. Di dunya memang aya kasenang sareng kasangsaraan. Saban jelema hayangeun senang, hayang hirup bagja. Tapi naon ari senang? Naon ari bagja?"

 Bari nyagigir Esih mencrong ka doktor. Manehna mimiti kataji jeung ku sabab eta enya-enya ngaregepkeunana.

 ,,Senang, bagja, ngan aya lamun urang parantos bebas tina ancaman, bebas tina prasangka, bebas tina kasieun. Sareng naon ari sangsara teh? Sangsara teh kahirupan anu pinuh ku kacangcayaan, pinuh ku prasangka, pinuh ku curiga, pinuh ku ancaman anu salamina diungkulan ku kasieun. Jelema anu sieun maot, salamina baris sangsara, margi taya kabebasan, da ngaraos kaancam tea, ngaraos cangcaya tea, ngaraos pinuh ku prasangka tea."

 Esih teu ngiceup-ngiceup. Sakabeh omongan doktor kumanehna enya-enya diregepkeun, sarta diasupkeun kana piki- ranana.

 ,,Coba upama jelema bebas, bebas tina sagala rupa, tangtos moal aya kasieuna. Sareng, naon ari kabebasan? Hakekatna mah nu disebut bebas teh percanten ka diri sorangan, yakin ka diri pribadi."

 ,,Leres, yaktos pisan," walon Kohar megat kalimah.

 Bari pepeta doktor nyambung deui siga anu henteu malire ka Kohar:

 ,,Jelema anu henteu percaya kana kamampuh dirina sorangan, salamina baris sieun enggoning nyanghareupan sagala rupa, salamina borangan, hartosna sangsara saumur-umur.

 Nepi ka dinya Esih inget kana ajaran Islam, yen ngan jelema nu iman anu taya kasieun teh. Jelema nu iman ngan sieun ku Pangeran.

 ,,Ayeuna sual maot," cek doktor satuluyna.,,Naon ari

131