Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

maot? Naon ari pati? Saleresna mah pati teh sabagian tina hirup urang keneh. Urang, manusa, digelarkeunana ku Pangeran ka dunya teh sanes mung huripna wungkul, nanging parantos lengkep sareng patina, lengkep sareng bagja-cilakana. Hurip sareng pati teu tiasa dipisah-pisahkeun. Lamun urang gaduh hurip, eta teh ngandung hartos yen urang gaduh pati deuih, anu baris karandapan ku sakumna mahluk anu kumelip, anu hirup rumingkang di bumi alam. Naha geuning bet dipikasieun?"

 Nepi ka dinya doktor teh eureun heula nyaritana. Regot ngaleueut cikopi anu geus disadiakeun ku Inah.

 ,,Aeh, sumuhun, mangga ngaleueut saaya-aya," cek Esih.

 Kohar nyodorkeun kuwehna bari ngamanggakeun. Itung-itung mere kasempetan ka Esih pikeun ngagayem sagala anugeus diucapkeunana, doktor teh ngahaja nuluykeun ngopi. Ari Esih, halisna beuki kerung, tarangna beuki karisut, awahing ku uleng mikiran. Dalah Kohar sorangan milu uleng mikiran, da kakara ngadenge tea pamanggih anu kitu mah.

 ,,Saban jelema sieun ku maot, sieun ku pati," saur doktor satuluyna.,,Naon sababna? Lantaran, sieun ku hal-hal atanapi sieun ku sagala rupi anu tacan karandapan! Tos kantenan ari seueur keneh kapanasaran mah. Sieun siksaan naraka da rumasa di dunya gede dosa, sieun kitu tea, sieun kieu tea, sieun ku prasangkana sorangan. Eta sababna, sanajan bari hirupna susah oge sok hayangeun wae hirup jelema teh. Jelema teh henteu sieuneun ku hirup mah, malah kahayangna mah terus hirup langgeng, lantaran geus puguh karandapanana. Lamun jelema samemeh lahir ka dunya parantos gaduh pikiran, tangtu jelema teh baris sieun lahir ka dunya, sabab baris sieuneun ku hal-hal anu tacan karandapan. Jadi, sieun ku pati teh hakekatna mah sami wae sareng sieun ku hurip. Upami urang naros, naha ari pati teh nyeri, sami wae sareng naros naha ari hirup teh nyeri. Ayeuna urang, sieun atanapi henteu ku hurip? Upami henteu, atuh taya alesanana make sieun ku pati, taya alesanana sieun maot! Sareng naon saur Islam ari maot? Mulang ka rahmatullah!"

 Regot doktor teh ngaleueut deui, ngarasa heran ku pamang-

132