gihna sorangan, naha bet tara-tara ti sasari ujug-ujug boga pamanggih kitu. Hayang nuluykeun, ngan weleh dipikir-pikir, diinget-inget teh teu timu.
,,Aeh, geuning katutuluyan ngawangkong teh."
,,Hahahahaha, sawios kulan, mangga teraskeun wae, abdi oge resep ngupingkeunana.". cek Kohar bari seuri bungah, lantaran kahariwangna geus rada ngurangan.
Bari mencrong ka Esih, pok doktor nyarita deui,
,,Tah kitu wae ayeuna mah. Bungangangkeun hate, bebaskeun pikiran, tong seueur emutan, masing percanten ka Pangeran, masing percanten ka diri urang. Permios wae ayeuna mah, da bade teras ka rumahsakit."
Jung doktor teh cengkat tina korsina, tuluy beberes ngasup-ngasupkeun pakakasna kana tas.
,,Aeh, ieu landongna. Sadinten tilu kali sasiki-sasiki. Moal lami deui oge, insa Allah damang."
Esih henteu nyarita naon-naon, ngan imut ngagelenyu.
Sabada beberes doktor teh pamitan deui, tuluy diiringkeun ku pribumi anu pok deui pok deui nganuhunkeun jeung menta dihampura. Dua poe ti harita Esih geus bisa luntang-lantung deui di buruan. Pikiranana jadi bebas deui. Tapi najan kitu, harewos nuranina mah angger harus:
,,Aing geus euweuh ajenan, geus teu boga kahormatan. Aing gede dosa, bisa jadi moal ditarima ku Pangeran, sanajan aing hayang mulang kana rahmatNa oge." Sarta harita keneh manehna inget kana eusi Qur'an, kumaha pihukumeunana lamun manehna henteu buru-buru tobat menta dihampura
Beuki gede kakandunganana, beuki heureut dunyana. Beuki deukeut kana mangsa ngalahirkeun, beuki lewang hatena. Kohar anu tadina dipake gede hate, anu dianggap bisa jadi panyalindungan, beuki carang datangna, malah arang-langka pisan ari peuting mah. Saban poe Esih mikiran dirina, rek kumaha pipetaeun mun seug nepi kana waktuna ngajuru. Rencangna, Si Inah, teu bisa diarep-arep pitulungna. Pangpangna anu dipikalewang teh bisi dina waktuna brol ngajuru taya sasaha, taya bidan taya paraji, taya nu ngajajapkeun ka rumahsakit. Komo