Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mun seug ku manehna diwangwang baris ti peuting kajadianana mah.

 Tungtungna manehna ingeteun ka indung-bapana anu mangkuk di lemburna, sarta nyarita sajeroning ati:

 ,,Mun seug aing aya di gigireun indung-bapa, tangtu reugreug hate teh sanajan rek ngajuru beurang boh peuting oge. Teu cara ayeuna, beuki lila hate teh beuki leutik." Tapi ras manehna ingeteun kana dosana, anu ngalantarankeun sereg di lawang, anu ngalantarankeun leungiteun dunya, anu ngalantarankeun teu wani indit ka mana-mana.

 Najan kitu keukeuh dina pamanggihna mah, yen indung bapa teh mangrupa palabuan anu pangamanna, tempat pangbalikan tempat pamulangan.

 ,,Ngan rek dikamanakeun ieu beungeut?" Omongna deui sajeroning hate.,,Atawa leuwih hade balaka terus-terang, ulah nyimpen jeung nyumputkeun rasiah? Nu sidik mah ku sabab nyimpen rasiah teh aing ngarasa kasiksa salalawasna. Heueuh, kacida bagjana jelema anu henteu boga rasiah, Nya, ngan jelema anu henteu boga kagorengan, anu henteu boga dosa, anu henteu boga niat deleka, jelema anu tara boga rasiah teh. Tapi naon sababna sakumna kagorengan sok dirasiahkeun? Taya lian lantaran dina dasarna mah jelema teh borangan, hengker, embung bruk-brak balaka kalawan jujur. Antara kajujuran jeung kabasilatan salawasna aya benteng anu tohaga, anu misahkeunana ............."

134