Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

22
PIDATO ESIH

 Beurang-peuting hate Kohar teu daekeun tengtrem. Salawasna manehna ngarasa dikukuntit ku hantu anu rek ngagunasika. Di mana wae, iraha wae, wanci kumaha wae oge, dirina diungkulan ku karisi, karempan, kainggis jeung kasieun anu lain di kieuna. Taya kendatna, salilana aya anu ngaharewos kana ceulina: Dosa! Dosa! Dosa! .......

 Lalampahanana jeung Esih hese pisan dipopohokeunana, Hese pisan dibangbalerkeunana. Karasa salawasna aya anu meredih tanggungjawab, karasa salawasna aya anu ngancam lantaran dosana, jeung karasa salawasna aya anu ngadodoho, aya anu ngincer, aya anu ngudag-ngudag. Hatena teu kaur jongjon, lap deui lap deui sumeblak. Pikiranana ngarancabang teu puguh leunjeuranana jeung warugana beuki ngorotan. Kaayaan di imahna anu salieuk beh, banda pakayana anu lubak-libuk, mimiti karasa taya hartina saeutik-eutik acan, sanggeus tetela henteu bisa nengtremkeun hatena.

 Saban jelema anu kapanggih boh di imahna boh di jalan di pasimpangan, kabeh siga malencrong nuduh nirca, sarta sorot- na asa nembus kana hatena ditungtungan ku nyebut dosa! Najan ka mana manehna indit, najan di mana manehna cicing, taya kendatna aya anu ngagorowok nyebut dosa! Dalah angin anu ngahiliwir, kadengeeunana teh sada ngaharewos nyebut nirca jeung dosa! Saban engap ngarasa kasiksa!

 Manehna hayangeun nebus dosana ku jalan ngawin Esih. Tapi Esih keukeuh-peuteukeuh embungeun ngagem agama Kristen sarta manehna henteu wasa pikeun maksa Esih. Dedengeeun keneh dina ceulina, omongan Esih sawatara bulan ka tukang:

 ,,Kahiji abdi yakin yen Islam teh hiji-hijina agama anu bener turta anu dipirido jeung ditempatkeun ku Pangeran di saluhureun agama-agama lianna. Kadua, urang Islam wajib ngabela

135