Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

agama agemanana, malah wajib jihad pikeun ngaraksana. Katilu, abdi henteu hoyong ngagem salahsahiji agama salian ti Islam. Sawangsulna abdi moal maksa akang, sangkan ngagem agama Islam. Dina Islam teu aya paksaan. Agama abdi keur abdi, agama akang keur akang. Jabi ti eta, abdi henteu ngarep-ngarep akang ngagem Islam, lamun dasarna mung hoyong tiasa kawin sareng abdi wungkul. Lamun dadasar eta anu ku akang dianggo, hartina akang teh munapek, malah ngahina agama! Islam ngan pikeun jelema anu daek iman, anu daek ibadah. Islam diturunkeun ku Pangeran pikeun manusa, sangkan manusa jadi manusa nu luhung budina, lain jadi sato! Islam diturunkeun pikeun ngajait manusa tina jungkrang kahinaan, pikeun manusa sang- kan tobat ka Pangeran Nu Maha Welas-Asih, pikeun manusa muntang jeung sumerah ka Anjeunna, pikeun cecekelan manusa dunya aherat, pikeun hirup-rukun anu dipirido ku Anjeunna, lain pikeun ngawin-ngawinkeun jelema!"

 Kacipta keneh ku manehna waktu Esih nyarita kalawan kayakinan bari pepeta cara nu pidato:

 ,,Geus ditetepkeun ku Anjeunna, rukun Islam jeung rukun Iman pikeun cecekelan manusa. Sarta geus diutus Nabi Muhammad jeung geus diturunkeun kitab sucina Al-Qur'an pikeun pituduh sakumna manusa anu hayang hirup dina jalan anu bener, jalan anu dipirido ku Anjeunna."

 Kohar beuki tambah sieuneun. Dosana asa beuki ngagedean. Ka Pangeran asa beuki jauh, lantaran rumasa gede dosa. Hatena beuki ngarakacak kasiksa, asa meunang bebendon anu lain di kieuna ti Pangeran Nu Maha Kawasa.

 ,,Nurutkeun Islam, kumaha hukumna Esih, lalampahan urang anu enggeus teh?"

 ,,Palay uninga? Sae. Kaleresan abdi inget keneh: Awewe jeung lalaki anu jinah, kudu dirangket saratus kali sewang sarta kudu disaksian ku jelema-jelema anu ariman. Lalaki anu jinah, kudu kawin ka awewe anu jinah deui atawa ka awewe musrik. Awewe anu jinah kudu dikawin ku lalaki anu jinah deui atawi ku lalaki musrik. Maranehanana henteu beunang dikawin ku jelema anu ariman!" Walon Esih bari nangtung nyarande kana

136