tihang panto. Harita mah kakandunganana tacan pati kaciri.
Kohar anu keur diuk dina korsi ngeluk bari nanggeuy gado. Beungeutna jadi pias lir taya getihan. Kasieunna ngungkulan deui dirina.
,,Abdi bade tobat ka Pangeran abdi, dina jalan Islam. Akang mah kumaha akang, teu langkung."
Karasa ku Kohar, eta omongan teh ngaleutikkeun hatena. Malah leuwih ti eta. Manehna ngarasa sirik dumeh Esih sakitu yakinna kana kapercayaanana, sakitu yakinna baris bisa nebus dosana, sedengkeun manehna sorangan masih keneh dikukuntit ku kasieun, kasiksa taya kendatna.
,,Esih, geus yakin atawa henteu, yen lamun urang tobat baris ditampi ku Anjeunna?" cek Kohar panasaran.
,,Dawuhan Pangeran: Lamun urang bener-bener micinta Pangeran, geura nurut ka Nabi Muhammad, tinangtu urang baris dipicinta ku Pangeran, dosa urang baris dihampura, jeung saenyana Pangeran teh jembar pangampura sarta welas-asih." Walon Esih deui.
Kohar ngahaneng. Nyarita sajeroning ati, "Aing kudu nurut ka Nabi Muhammad?"
,,Dawuhan Pangeran keneh," cek Esih deui.,,Tah, saha-saha anu sumerah diri atawa nurut ka Pangeran jeung jadi jelema anu hade lampahna terhadep jelema lian, manehna baris meunang pahala ti sisi Pangeran, jeung maranehanana henteu ngarasa sieun jeung henteu agungun."
Harita ku Kohar karasaeun pisan yen geuning dina Islam mah manusa teh asa dipiasih salawasna. Sagala pituduh geus nyampak, ngan kari prakna. Karasaeun deui yen jalan pikeun marek ka Pangeran aya ngabulungbung, asal daek nyumponan sarat-saratna, ngamalkeun sagala kawajibanana anu didawuhkeun ku Anjeunna, nyingkahan sagala panyegahNa, jeung nyingkahan sagala rupa anu henteu dipirido ku Anjeunna. Ku manehna karasaeun, yen enya-enya urang Islam mah ditangtayungan ku hukum Allah. Tapi manehna ngarasa hangham, ngarasa lewang pikeun ninggalkeun kapercayaan anu diagemna, lewang bisi meunang bebendon ti Jesus Kristus. Manehna ngarasa rada