sirik, dumeh Esih mah kawas nu taya kalewang. Kacipta keneh ku manehna basa Esih nyaritakeun ayat-ayat Qur'an kalawan pinuh ku kayakinan, nyaritana tandes bari pepeta:
,,Qur'an teh katerangan-katerangan anu jelas pikeun manusa, pingpinan kana bebeneran jeung pangajaran pikeun jelema anu ngaraksa dirina tina kajahatan."
Jeung bener-bener manehna ngajenghok waktu Esih nyarita keun ayat-ayat lianna:
,,Yeuh, jelema anu ariman! Maneh sakumna geura arasup Islam, jeung ulah pisan maraneh nuturkeun pangajak setan, saestuna setan teh musuh maraneh nu jelas pisan." Tuluy disambung deui,,,Saha-saha anu neangan agama salian ti Islam ma- nehna moal ditarima, sarta di aherat manehna baris kaasup kana golongan jelema anu pinanggih jeung karugian." Jeung tuluy disambung deui:,,Saestuna agama anu bener di sisi Pangeran mah Islam."
Kohar mani gegebegan. Pok manehna nanya.
,,Bener eta teh Esih?"
,,Eta teh bebeneran Pangeran, sarta urang ulah ka asup jelema anu hamham." Walon Esih.
,,Bebeneran Pangeran!" Omong Kohar sajeroning hate. ,,Saha deui anu nyekel bebeneran anging anjeunna?"
Kohar nutup beungeutna ku dampal leungeunna. Manehna uleng mikiran. Hatena lap deui lap deui sumeblak.
,,Demi Allah! Ari kitu mah aing kudu asup Islam. Rek nurut ka saha deui lamun lain ka Pangeran jeung Rasul-Na?" Omongna sajeroning hate.
Peuting geus jempling. Karamean kota ngan kari sora mobilna wungkul anu hawar-hawar di kajauhan. Langit lenglang sumawur bentang, Bulan anteng neuteup ka bumi. Sakapeung siga nu geugeut, sakapeung deui siga nu ngintip nitenan pangeusi dunya anu geus pinuh ku dosa. Harita Kohar keur candukul di luar ngabrangbrangkeun hate. Saban-saban manehna neuteup kana bulan, karasa aya kaahengan anu tanpa wangenan. Kara- sa ku manehna nimat Pangeran anu taya wates-wangenna, tapi sakapeung deui karasa ku manehna kasieun nu ngungkulan di-