Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rina, kasieunan nu taya hinggana, asa narima bebendon nu taya pa-padana, asa narima bebendon anu kacida nyiksana.

Kapanasaranna ngajurung manehna indit ti dinya. Sup asup ka kamar. Tapi hatena rumegag deui. Ngadadak timbul kasieun anu beda ti sasari, sieun ku bebendon Jesus Kristus. Tapi teu lila, hatena bungangang deui basa ujug-ujug kasawang aya jalan ngabulungbung. Panto hatena anu mareundeut, hiji-hiji maruka. Bray pikiranana caang deui. Hatena tengtrem meueusan.

Brek manehna diuk dina korsi nyanghareupan meja. Najan bari negeleper, tarapti pisan manehna muka Al Qur’an. Kecewis maca tafsir suratna anu kahiji: Al-Fatihah, nepi ka tamat sasutat. Uleng dipikirkan, tapi weleh teu kaur kaharti. Sababa-raha kali ngalangkung Yesus ngadeg di hareupeunana. Tuluy indung-bapana jeung Nina nembongan. Kabeh nganaHa-naha. Hatena lumeok deui, sakapeung ngenca, sakapeung ngathu, sakapeung leah, sakapeung tagen. Sakapeung deui karasaeun aya anu nyarek, tapi sakapeung deui karasa aya anu ngajurung: Tuluykeun! Kalayan asmana Allah, Nu Maha Welas-Asih ……… Der perang sabil dina hatena: Teruskeun! Montong! Bener! Sa-lah! Rahmat! Dosa! Nimat! Cilaka! Hikmat! Gogoda! Tuluykeun baca: Kalayan asmana Allah Nu Maha Welas-Asih ……… Kohar rumenghap-rumanjug. Satekah polah manehna neng-tremkeun deui hatena.

Meunang sabaraha bulan Kohar ngagugulung wae Al- Qur’an jeung buku-buku hadis, sarta tatanya ka ditu ka dieu lamun manehna manggih hal-hal anu teu pikahartiieun. Tatanya ka saha wae, ka jelema anu dianggap baris bisa nerangkeun. Ka Esih pangseringna mah.

„Da akang mah bingung keneh Esih,” cek Kohar dina hiji poe bari ngabheuhay dina korsi rotan. „Ninggalkeun kaperca-yaan anu ti heula, anu ku akang ditarima ti indung-bapa jeung ti guru, kacida beuratna. Sedengkeun ayeuna, sangeus akang nyoba-nyoba ngaji Qur’an, kacida percayana kana bebenaran dawuhan Allah.”

„Tangos wae abat mah, margi kapercantenan akang anu

139