kapungkur parantos ngadaging. Kadewasaan akang ayeuna, kapribadian akang ayeuna, tangtosna oge diwangun ku unsur-unsur kapercantenan ti bubudak keneh. Nanging, bade ka saha deui akang percanten? Naha bade percanten ka batur, atanapi bade percanten ka Pangeran? Upami akang parantos percanten ka Pangeran Nu Maha Tunggal, ka malaikat-malaikatna, kana kitab suci Al-Qur'an, kana kiamat sareng kana takdir ti Nu Maha Kawasa, akang moal ngaraos hamham deui. Nanging insya Allah, Gusti nu Maha Welas-Asih baris mukakeun pikiran sareng hate urang. Anjeunna baris ngajait abdi-abdina asal urang leres-leres iman, sanes munapek."
Kohar geus boseneun ku katerangan Esih kitu teh, da ari saenyana mah geus dipindo sababaraha kali. Ku sabab eta manehna cicing wae teu ngawalonan deui. Hal ieu kahartieun ku Esih anu tuluy make kawijaksanaan sejen, ku jalan ngabalitungkeun eta sual sangkan bisa direngsekeun jeung bisa jadi kayakinan. Bari nuluykeun nyulam gorolang manehna nyarita deui:
,,Aya hiji hal anu kacida pentingna, anu ku urang sering dipopohokeun, anu ku urang sering dihambur-hambur, nyaeta waktu. Demi waktu! Saenyana Pangeran ngayakeun waktu teh pikeun dimangpaatkeun. Nya waktu anu kosong, waktu anu ku urang henteu dimangpaatkeun, anu matak pikabingungeun teh. Nya dina waktu kosong setan-setan marakayangan ngagoda manusa. Nya dina waktu-waktu kosong urang gampang pisan diajak setan dikerid iblis, cara anu kungsi karandapan ku urang babarengan. Tapi lamun urang bener-bener ngamangpaatkeun waktu, tinangtu urang teh moal rek pangangguran teu puguh, tinangtu urang teh moal rarad lalampahan kana jungkrang kahinaan, tinangtu urang teh moal kieu kajadianana. Karaos henteu ku akang, waktu anu kosong, atawa pangangguran teh, jadi bibit kajahatan. Sabab nya di dinya tempatna iblis jeung setan."
Nepi ka dinya Esih ngarenghap heula. Dina rarayna katangen aya rasa kaduhung anu lain di kieuna. Sedengkeun Kohar anu mimiti katajieun deui ku omonganana, uleng mikiran bener-henteuna.