,,Rugi kang! Karugian lahir-batin, dunya-aherat. Naha akang henteu ngaraos rugi. Tetep keur abdi mah, tigubragna abdi kana ieu jungkrang anu kaalaman ayeuna, sanes karugian leuleutikan. Sanes karugian cara nu meser barang saratus perak dijual dalapanpuluh perak! Tapi karugian lahir-batin, dunya-aherat! Karugian anu moal bisa ditebus atawa diganti ku duit sadedeg."
Curuluk cipanon Esih anu geus nyalangkrung teh nyuruluk ngaliwatan pipina. Tuluy disusut ku tungtung kabayana. Kohar teu usik teu malik, angger ngabandungan jeung ngaregepkeun. Bari dumareuda pok Esih nyambung deui.
,,Nya iman hiji-hijina benteng pikeun ummat Islam! Benteng pikeun ngaraksa dirina tina sakumna kajahatan, pikeun ngajaga ngaraksa diri tina pangajak setan. Lamun manusa ipis imanna, lapur! Salawasna baris hirup di dunya jadi wadal, atawa jadi mahluk anu hina, anu taya pangajenna! Tapi naon ari iman? Kapercayaan anu lain cek beja, kapercayaan anu lain ladang tuturut munding, kapercayaan anu lain paksaan, tapi kapercayaan anu lahir tina kasadaran, tina buah pikiran, tina timbangan anu mateng, anu iklas, anu bener-bener ngahiji jeung batin urang, anu henteu bisa dipisahkeun tina hirup-hurip, anu saenyana mah kudu dibela nepi ka tutumpuran!"
Esih sumegruk heula. Dadana rumenghap-rumanjug. Jeung kalawan leuwih anca, pok manehna nyambung deui:
,,Nya ieu sabenerna mah anu henteu bisa kaungkulan ku abdi teh. Lantaran harita abdi henteu ngaraksa iman anu ngan sakitu-sakituna, nya kalawan gampang nurutkeun pangajak setan, kalawan gampang dikusrukkeun ku iblis ........."
,,Keun, akang nu nanggung dosana, da akang anu kaancikan setanna." Walon Kohar ngabeberah.
,,Teu bisa kitu dina Islam mah. Kabeh jelema nanggung dosana sewang-sewangan. Sanajan dosa anak sorangan, dosa indung sorangan, dosa pamajikan sorangan, henteu bisa ditanggung ku batur." Walon Esih deui bari nyusutan cipanon.
Kohar henteu nempas.
,,Nu kumaha numutkeun dawuhan Pangeran, anu disebut jelema iman atawa mumin teh?" cek Esih deui sabada repeh