Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sajongjongan. „Jelema anu iman teh nyaeta jelema anu bener-bener percaya ka Allah jeung Rasul-Na, anu henteu boga prasangka, anu berjoang dina jalan Allah kalawan ngorbankeun harta-banda jeung jiwa-ragana. Nya jelema anu ariman kitu anu disebut mumin sajati teh.”

 Kohar unggut-unggutan. Rek pok ngomong, teu tulus, kapiheulaan ku Esih:

 „Ayeuna urang. Geus nepi ka mana kaimanan urang teh? Meujeuhna gampang diajak setan oge, meujeuhna mun rek bingbang wae oge, meujeuhna mun rek utag-atog teu puguh jalan jeung hirup samar tampa oge ....... da puguh ipis iman tea.”

 Karasa ku Kohar harita, hatena asa kosong molongpong. Dirina asa henteu mibanda naon-naon, jauh pisan bedana mun seug dibandingkeun jeung banda-pakayana, anu saenyana di imahna lubak-libuk salieuk beh.

 „Padahal," sambung Esih deui.„Anu diwajibkeun teh kudu ngalampahkeun amal-saleh. Amal lahir jeung amal batin, anu duanana puguh sareatna, anu karana Allah, anu dipirido ku Anjeunna, amal anu bisa katarima ku sakumna jelema atawa amal anu ma'ruf. Cindekna kudu ibadah ka sasama manusa jeung ka Pangeran katut Rasul-Na.”

 Esih ngarenghap heula. Hatena geus teger deui, sedengkeun Kohar teu usik-usik, sabar ngadago sambunganana:

 „Ayeuna urang. Naon saenyana anu geus diamalkeun ku urang? Amal-saleh naon anu ku urang geus dilampahkeun?”

 Kohar henteu ngawalonan. Sabot kitu manehna nginget-nginget laku-lampahna anu enggeus-enggeus. Dosana asa beuki sidik, jeung asa beuki narembongan nambahan. Sedengkeun hatena beuki murengked ngaleutikan. Najan kitu bisa keneh ngagerentes mah:

 „Naon hartina harta-banda mun dibandingkeun jeung amal-saleh?”

 „Pikeun neangan, pikeun nguji, pikeun nyebarkeun jeung pikeun ngalampahkeun bebeneran atawa hak, manusa teh perelu pagulung-paadu-lawung. Manusa geus dipaparin letah pikeun nyarita, ceuli pikeun ngareungeu, panon pikeun nenjo,

142