Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hate pikeun ngarasa, pikiran atawa akal pikeun milih salah jeung bener, eta sakumna kudu dimangpaatkeun pikeun hirup-hurip di dunya. Mo bisa manggih bebeneran mun hirup sosoranganan. Mo bisa manggih bebeneran mun hirup teu campur jeung batur. Ku sabab eta diwajibkeun, manusa teh kudu silih amanatan bebeneran jeung kasabaran."

 Cara tadi Kohar unggut-unggutan, halisna kerung awahing ku uleng mikiran.

 „Ayeuna kasabaran,” cek Esih deui satuluyna.„Jaba anu geus diterangkeun tadi, tigubragna urang kana jungkrang teh lantaran henteu sabar. Mun sabar mah da moal kieu. Bisa dibuktikeun, yen kasabaran teh milu nangtukeun hirup-huripna manusa, pangpangna enggoning tarekah. Tanpa kasabaran saenyana jelema teh moal bisa hirup sawajarna. Komo jaman ayeuna mah. Lamun dina jaman ayeuna jelema henteu boga kasabaran, pisakumahaeun teuing pikagujrudeunana. Mo saeutik nu nelasan maneh, mo saeutik nu silihaniaya, jeung di dunya baris pinuh ku jelema anu babadog-rarampog. Jelema anu henteu boga kasabaran, dina hirupna baris murukusunu, kukulutus jeung teu eureun-eureun kutuk-gendeng. Hartina hirupna teh henteu iklas, henteu rido, ngarasula, anu tangtu wae moal dipirido ku Pangeran Nu Welas-Asih. Saestuna, kasabaran teh modal perjoangan manusa. Ngan jelema anu sabar tawekal baris ngahontal hasil perjoanganana. Pagawean anu kejot-borosot, anu henteu dibarengan ku kasabaran, pasti mo pinanggih jeung hasil anu nyugemakeun."

 Nepi ka dinya Esih ngarenghap heula. Tuluy batuk saba- baraha kali. Tapi najan sorana geus mimiti peura oge, manehna nyambung deui:

  „Pangeran sok maparin cocobi ka sakumna mahluk anu kumelendang di dunya. Salawasna, cocobi Anjeunna teh pikeun nguji kasabaran manusa, katabahan hatena, katagenan hirupna. Mun disinggetkeun mah meureun kieu pibasaeunana teh: Montong hayang hirup kumelendang di dunya ari embung sabar mah! Naon margina pangna justru kasabaran anu salamina

dicobi ku Anjeunna?”

143