Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Kohar teu ngawalonan. Halisna kerung keneh awahing ku uleng mikiran. Panonna molotot teu ngiceup-ngiceup.

 ,,Margi, justru kasabaran atanapi katabahan hate anu jadi pakarang pangpentingna pikeun perjoangna manusa, pikeun manusa ngahontal tatap jeung martabat hirupna anu leuwih utama. Dina perjoangan anu kumaha wae oge, nya kasabaran anu kudu dikuatkeun teh.'"

 Esih batuk deui, Regot manehna nginum heula, Kohar angger uleng mikiran.

 ,,Kasabaran sareng katawekalan teh sanes tarekah pasif, sanes padamelan pasif, sanes padamelan kumaha behna atawa kumaha engke, sanaos urang percanten kana ayana takdir ti Nu Maha Kawasa oge. Margi anu disebat jelema sabar teh, nyaeta jelema anu soson-soson digawe, nu junun, anu teu ngarasula, nu didamel kalawan kapercantenan yen Nu Maha Asih baris maparin kanimatan, baris ngaijabah sagala kahoyongna. Jelema pasif anu embung usaha, anu embung berjoang dina hirupna mah sanes jelema sabar, tapi jelemma kuuleun! Jelema sabar dipikaasih ku Pangeran. Tapi jelema kuuleun mah, dipirido oge moal! Cindekna, manusa teh baris tiasa unggul dina perjoanganana lamun sagala tarekahna dibarengan ku kasabaran. Boh dina perjoangan enggoning nyiar sangu sakeupeul, boh dina perjoangan ngalawan angkara murka, tetep kasabaran anu jadi pakarangna. Sareng saestuna, ngan jelema anu kuat imanna anu baris kuat kasabaranana teh."

 Kohar ngeluk deui, kawas murid nakal nu keur diomongan ku guruna. Ti tadi keneh manehna geus heraneun pisan, lantaran henteu nyangka ti samemehna, yen Esih baris boga pamanggih kitu. Ku sabab eta pok manehna nanya:

 ,,Esih, ti mana Esih meunang pamanggih anu sakitu hadena?"

 ,,Abdi mah kang, sanes jelema pinter, sanes tukang ngareka carita deuih. Ti kikirik abdi diwulang agama ku pun uwa, Wa Ita. Sadayana anu dicarioskeun ku abdi tadi dasarna mah sanes karangan abdi. Ti mana deui atuh upami dasarna sanes tina Al-Qur'an? Bilih akang henteu uninga anu dipedar ku abdi

144