bieu teh surat Al-'Ashr, anu dimimitian ku bismillah sarta mung diwangun ku tilu ayat: Demi waktu. Saestuna manusa teh aya dina karugian. Kajaba jelema-jelema anu ariman jeung anu milampah amal saleh, jeung anu silihhamanatan atawa anu silihwasiatan bebeneran jeung kasabaran atawa katabahan hate. Mung sakitu upami di-Sundakeun sacerewelena mah. Nanging abdi nguping wartos, yen Imam Sjafi'i kantos sasauran kieu: Upami Pangeran henteu nurunkeun Al-'Qur'an, tapi anu diturunkeunana mung surat Al-'Ashr wungkul, eta geus cukup pisan pikeun ngatur hirup manusa di dunya. Mangga wae ayeuna digalih ku akang. Mung abdi rumaos dugi ka ayeuna teu acan ngamalkeun. Sanes ku margi teu iman, tapi kagoda wae."
Kohar nepi ka molohok, sarta ngucap sajeroning ati:
,,Saha pijalmaeunana anu bisa ngarang atawa anu bisa nyieun aturan hirup anu sampurna anu panjangna ngan tilu ayat? Komo deui, saha pijalmaeunana anu bisa nyieun Al-Qur'an? Anging Allah, Pangeran Nu Maha Agung!"