Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

23

MULANG

„Tapi rek ka mana deui lamun teu mulang ka lembur sorangan?” Cek pikirna anu rumegag. „Da sanajan kumaha wae oge tungtungna mah kudu balik. Indung-bapa, hiji-hijina palabuan geusan balabuh.”

Sanajan leumpangna tacan pati jauh, katenjona geus ripuheun pisan. Ngalengkahna lalaunan, siga anu beurateun jeung palaureun. Beurat jeung paur ku beuteungna anu buruyeung bulan alaeun. Panon poe anu geus lingsir ngulon, panasna moreret Keneh, ngareraban kulit beungeutna, asa terus ngurerab hatena anu keur teu paruguh rarasaan. Sawah anu keur sumedeng koneng, anu legana satungtung deuleu, dina tetenjoanana patingrariak siga amparan pucuk seuneu, serab jeung panas asa ngalentaban hatena deuih. Angin mamareng anu harita ngahiliwir ngusapan tarangna oge meh taya paedahna, jauh kana basa bisa nengtremkeun hate.

Deukeut sasak manehna ngarandeg deui. Jingjinganana diecagkeun di kenca-katuhueunana. Bari ngalempengkeun cangkeng jeung meuseulan peupeuteuyanana anu paregel, manehna nyawang ka lebah kampungna anu anggang keneh. Nyawang ku panonna anu nembongkeun kalewang, kasieun jeung rumegag hatena. Harita keneh kasawang batur salemburna anu ngabarageakeun ku kaheran jeung kacurigaan. Indung-bapana mukakeun lawang, tuluy ngajenghok, molongo, samar polah jeung samar ucap, teu nyaho naon anu kudu diucapkeunana.

Beda, beda pisan jeung waktu anu enggeus, ari datang ti Jakarta teh dipapagkeun ku kabungah jeung kasono, dipapagkeun ku bujang-bujang anu hayangeun kataksir, Estu gerah saimah-imah, geruh sabatur-batur. Kampungna jadi sagara kasugemaan, Tapi ayeuna! Kampungna pinuh ku panon anu malencrong curiga, rogok ku curuk anu nunjuk-nunjuk nuduh nirea

146