Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung geus Kasawang baris hujan ciduh nu nyorohcoh ngahinakeun.

„Rek dikamanakeun beungeut aing?” cek hatena sabot manehna dongko nyokot deui babawaanana. Sarta bari ngalengkah rumegag, hatena nyarita deui: »Najan di mana aing nyumput, najan ka mana aing nyalindung, tetep baris Kanyahoan. Dunya bogaeun panon anu tanpa wilangan lobana. Panon dunya Kacida seukeutna, Komo, da ayeuna mah geus nembrak nonggerak, geus euweuh anu bisa disumput-salindungkeun deui,”

Napasna mimiti ngahegak. Ti subuh keneh manehna geus ngarasa cape. Cape ku pasesedek dina karetaapi. Cape ku abluk-ablukan dina beus sapanjang jalan. Turug-turug ayeuna kudu nyorang jalan desa jeung pasawahan. Sakujur awakna asa raremek. Geus mangbulan-bulan pikiranana pajeujeut, sedengkeun hatena asa ujat-ajit sapapanjangna.

Sabot jumarigjeug leumpang, manehna ngareret kana beu teungna anu bureuyeung ngakandung, Geus lila ku manehna kapikir, naon hartina. Geus lila ku manehna Karampa, kumaha pibalukareunana. Malah kungsi dibanding-bandingkeun jeung nu lian. Batur mah boga anak teh ditarima ku kabungah, dipapag ku panuhun, meunang rahmat ti Pangeran. Tapi anu karasa ku manehna harita mah taya deui iwal ti beungbeurat anu taya papadana, anu ngaracek hatena beurang-peuting.

Ngahaja manehna mengkol make jalan sawah, malipir sisi susukan, Lain wae ngarah narabas rada deukeut, tapi ngarah henteu pati loba papanggih jeung batur salemburna deuih. Ngan, jalanna anu garinjul, turun-unggah jeung laleueur, ngalantararankeun beuki lungse. Sakujur awakna asa laloncer, lalinu satulang-sandi. Turug-turug poe panas lir ngahaja nambah panyiksa, terus-terusan ngareraban di tengah sawah anu taya iuh-iuhna. Jeung cahya koneng tina sawah anu ngampar, patingjorelat matak jangar.

Teu jauh ti dinya kabireungeuh patingarungku, jelema anu keur dibaruat, batur salemburna.

„Sakeudeung deui maranehanana oge baris nyarahoeun,” omongna sajeroning hate, „Tapi, naon deui saenyana anu ku-

147