Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

du dipikiran? Kabeh geus kapikir. Naon deui anu kudu dirarasakeun? Kabeh geus karasa. Jeung naon deui anu kudu diwangwang? Kabeh geus karampa jeung geus kasawang pibalukareunana. Nu tinggal ngan kari hanjakalna, kari kaduhungna. Tapi naon hartina hanjakal? Naon gunana kaduhung? Ngan jadi hiji jalan pikeun pasrah-sadrah. Ngan tinggal ngarep-ngarep sihpiwelasna deungeun, ngan kari ngarep-ngarep pangampura, ngan jadi alatan keur tobat."

 Palebah pengkolan ngarandeg deui, sok ngecagkeun babawaanana.

 Hayangeun pisan manehna ngareureuhkeun pikiran, hayangeun pisan manehna hengtremkeun hate. Tapi batan tengtrem kalah ka beuki tagiwur. Beuki deukeut ka lemburna, beuki parna. Ret manehna ngareret deui ka palebah runggunuk lemburna. Lemburna tempat manehna gumelar, nu jadi palabuan hate saumur-umur. Tapi harita dina rarasaanana, lemburna siga anu embungeun katincak deui, siga anu embungeun kakotoran ku dosana. Kageugeutna malik jadi kaijid kadeudeuhna mallik jadi kaceuceub. Manehna buru-buru malingeus, teu kawawa lila-lila nenjo runggunuk lemburna. Tuluy ngareret kana beuteungna. Pek neuteup, neuteup teu petot-petot, nepi ka cipanonna nyuruluk.

 Bari rambisak, lungse-lungse oge maksakeun maneh ngalengkah deui. Tuurna mimiti nyorodcod, ambekanana beuki kerep, rumenghap taya kendatna. Tetenjoanana beuki teu pareguh, sakapeung ririakan sakapeung tingjorelat siga pucuk seuneu katebak angin. Jeung sirahna lain wae patingarengab asa bejad, tapi aleumeur fir anu tas ditinggur. Tungtungna manehna henteu sanggupeun deui ngalengkah, ngagoloyoh tuluy ngalungsar teu nangan, handapeun tangkal katapang sisi susukan.

 Bari ngusapan beuteungna, cipanonna beuki nyuruluk hentea kaampeuh. Manehna ngarasa geus teu bisa walakaya. Estu rek dibeureum rek dihideung, pasrah sadrah ka Pangeran.

 Barang tanggah deui, manehna ngarenjag, lap hatena nyeblak. Lantaran geus deukeut pisan aya Udi, popotonganana, liwat kawas anu ngahaja nyampeurkeun. Leumpangna rusuh ka-

148