Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

was pulisi, panonna teu ngiceup-ngiceup.

Geus teu kaburu mikir naon-naon. Kareuwas jeung kasieunna henteu bisa kaampeuh deui. Sakujur awakna ngadadak jadi ngadegdeg. Karasa aya anu midek dina angenna. Dadana jadi eungap. Sarta rasa kaduhung anu salilana dibendung wae, harita bobol tina bendunganana. Gowak manehna midangdam.

Sakabeh jelema nu di sawah tingraringeuh. Tapi teu lila, breg ngambreg kabeh nyalampeurkeun bari teu weleh hareraneun. Ngan Udi anu ngarandeg teh. Manehna ngusap beungeut jeung ngagisik panonna sababaraha kali, siga anu henteu yakin kana tetenjoanana. Sawatara jongjongan awewe-lalaki kabeh geus ngaronom. Sawareh paheula-heula nanya: aya naon. Nu sejenna ngan bengong wae mata-simeuteun, teu beak beak nya kaheran. Bi Aspiah jeung Bi Uti ngarangkul ngahudangkeun bari teu eureun-eureun tunyu-tanya. Tapi anu midangdam henteu kapalang, kalah ka ngoceak nepi ka les-lesan teu eling. Awakna jadi leuleus, sirahna ngulapes dina lahunan Bi Uti. Nu ngadeugdeug beuki loba. Saban nu datang tunyu-tanya, tapi taya saurang-urang acan anu bisa nerangkeun naon sababna.

Sanggeus recok-recok, regeyeng Esih dipayang ku jelema lalaki opatan, dianteurkeun ka kolotna. Udi nuturkeun di satukangeunana. Pikiranana pajeujeut, leuwih kusut batan pikiran jelema anu didakwa teu pupuguh, nepi ka samar polah, teu nyaho naon anu kudu dipilampah. Hatena mimiti rumegag, naha rek terus milu ngajajapkeun nepi ka imahna, atawa entong. Memang manehna sadar, turta ingeteun keneh, yen Esih teh popotonganana, anu kungsi nganyenyeri, anu kanyerina masih keneh karasa nepi ka harita. Tapi manehna perlu milu nerangkeun ka kolotna, lantaran manehna nyaksian ku matana sorangan, kumaha kajadianana waktu di sawah. Ngan lantaran pikiranana pabaliut jeung pajeujeut, manehna henteu bisa narik kacindekan. Kalawan henteu karasa deui manehna mengkol ka imahna, tuluy ngerem maneh, numpi di kamar. Kanyeri hatena kasuatsuat deui ............

149