24
LAIN DUNYANA
Persis cara anu geus kasawang ku Esih ti samemehna, barang indungna mukakeun lawang, mireungeuh awewe anu digotong teh ngajenghok sakedapan, geugeumeueun awahing ku reuwas, sungutna molongo teu bisa nyarita naon-naon. Kakara sanggeus manehna inget deui pok nanya:
„saha ieu teh, saha?”
„Apan Esih,” walon anu saurang.
„Esih? Anakiiiiing!” Bi Arni ngoceak bari ngarangkul Esih anu keur dipayang keneh. Ngan bisa sarangkulan, antukna mah manehna tigebut awahing ku leuleus, ngan bisa keneh kokoceakan nyeungceurikan mah.
Tatanggana ngambreg. Sawareh merenahkeun Esih dina fanjang, sawareh deui nulungan indungna. Ari Mang Wakijan, bapana Esih tea, rawah-riwih teu puguh Tampa, ngopepang Samar polah, a-a-u-u teu bisa ngomong awahing ku geugeumeueun. Nu daratang beuki loba, nu tatanya taya eureunna. Saban aya nu datang tangtu kadenge nu tatanya nanyakeun sagala Tupa. Tapi taya saurang-urang acan anu bisa ngajawab leuwih ti sakanyahona mah ........
Bi Arni ngagukguk ngagalentor Esih dina ranjang. Ari Esih anu geus lilir ti wangkid keur digotong, ngan kucap-kiceup wae, teu lemek teu nyarek, ngan sakapeung-kapeungeun cipanonna nyuruluk mapay pipina. Manehna ngarasa lungse, laleuleus satulang sandi.
Nyi Kuwu jeung Wa Ita nyalampeurkeun. Nya kitu deui Wa Umi jeung Ikah anu harita aya di lemburna, buru-buru narepungan. Jelema anu ngadeugdeug disieuhkeun ku Nyi Kuwu. Panto kamarna ditutupkeun, jandelana dipolongokeun. nu daratang jol deui jol deui piligenti, kabeh harayangeun nyaho, kabeh ngarasa panasaran.