Lompat ke isi

Kaca:Randa Bengsrat-Roman Sunda.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Esih dikompresan ku Ikah, Sukuna diarurutan ku Wa Ita jeung ku Wa Umi. Ari Bi Arni anu ngagukguk keneh nyeungceurikan dibeberah ku Nyi Kuwu, diinuman ku citiis. Sedengkeun Mang Wakijan, anu ingetanana geus jejeg deui, ngajentul dina bangku, dibarengan ku tatanggana tiluan. Teu lila kaayaanana geus tengtrem deui. Boh Esih boh indungna, teu sakara-kara, ngan tinggal capena wungkul anu_tacan kareureuhkeun teh.

„Seug geura ngeureunan, eulis.” eek Nyi Kuwu anu tu- luy milu ngurutan bitisna, „Geuning bet gareureuwas!”

Esih teu ngawalonan. Manehna nyusutan cipanon ku tungtung kabayana, ngarengkolna teu malik-malik.

„Ulah waka hudang mending sarekeun we. Meureun cape teuing maneh teh.” Cek Wa Umi, anu tuluy ngaleos ka dapur rek nyadiakeun cai.

„Kumaha daramang, uwa, embi, sadayana?”

„Berekah,” walon Nyi Kuwu jeung Wa Ita meh bareng.

Wa Umi, ceu Ikah, geuning araya di dieu. Iraha sumping ceu?”’

„Geus lila, geus aya saminggu mah.”

„Atuh bumi dikantunkeun wae?”

„Keun wae da aya nu nungguan, geus dititipkeun ongkoh ka barudak di ditu,” walon Ikah.

„Geuning sorangan wae balik teh, mun menta di anteur,” cek Ikah deui bari mencrong kana beuteung Esih anu buruyeung bulan alaeun.

„Enya, bet ngariripuh maneh, kawas taya jelema urang wae di ditu teh. Mun seug menta dianteurkeun mah, moal teu ditarurut.” Cek indungna anu geus bisa candukul deui gigireun Esih dina ranjang.

Esih teu ngawalonan, ngan panonna wae kucap-kiceup. Tapi cara Ikah tadi, indungna oge neuteup kana beuteung Esih kalawan kaheran jeung kalewang anu taya papadana. Najan kitu manehna teu tunyu-tanya, perkara beuteungna, lantaran ngaragangan keneh.

Paneuteup indungna ku Esih oge karasaeun. Paneuteup

151